Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun Ngararancang ‘PWI Merah Putih’

- 22 Oktober 2023, 14:55 WIB
Serah terima jabatan (Sertijab) Pangurus PWI Pusat Periode 2018-2023 ti ketua umum Atal S Depari (kadua ti katuhu) ka Pengurus PWI Pusat periode 2013-2028 anu dipingpin ku Hendry Ch Bangun (kadua ti kenca).*
Serah terima jabatan (Sertijab) Pangurus PWI Pusat Periode 2018-2023 ti ketua umum Atal S Depari (kadua ti katuhu) ka Pengurus PWI Pusat periode 2013-2028 anu dipingpin ku Hendry Ch Bangun (kadua ti kenca).* /Dok. PWI Pusat/Galura/

GALURA.CO.ID. - Ketua PWI Pusat, Hendry Ch Bangun, ngasongkeun pamadegan yén Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) téh organisasi profesi wartawan anu mibanda wawasan kabangsaan. Sajarah ngadegna PWI taun 1946 ngagambarkeun yén salaku organisasi PWI leuwih ngutamakeun sikepna kana pasualan kabangsaan tinimbang pasualan teknis anu patali jeung profesina.

Éta hal ditepikeun ku Hendry Ch Bangun dina acara serah terima jabatan (Sertijab) Pengurus PWI Pusat Periode 2018-2023 kalawan ketua umumna Atal S Depari ka Pengurus PWI Pusat anu anyar, periode 2013-2028 anu dipingpin ku Hendry Ch Bangun. Lumangsung di Sekretariat PWI, Gedung Déwan Pers, Jakarta, Jumaah, 20 Oktober 2023, éta sertijab téh di antarana dihadiran ku Sekjen jeung Wakil Sekjen PWI Pusat, Sayid Iskandarsyah jeung Raja Pane, sarta pangurus katut anggota Dewan Kehormatan PWI.

Hendry Ch Bangun kapilih jadi Ketua Umum PWI dina Kongres PWI XXV di Bandung, 27 September 2023 ka tukang. Dina kapangurusanana ayeuna, Hendry jangji baris museur kana widang pendidikan pikeun ngaronjatkeun profesionalisme wartawan.

Iwal ti mibanda kompetensi anu nyukupan, wartawan anggota PWI kudu miboga wawasan kabangsaan dina ngalaksanakeun profesina. Sabab, cenah, éta pisan identitas PWI téh, sarta anu ngabédakeun PWI jeung organisasi wartawan séjénna.

Baca Juga: Ketua DK PWI Sasongko Tedjo: Nyanghareupan Pemilu 2024, Wartawan kudu Netral

Ku kituna, kapangurusan PWI Pusat periode 2023-2028 baris ngangkat deui ajén-ajén perjuanganana ku cara mulang deui kana khittah PWI taun 1946. Harita, wartawan Indonesia milu bajuang ngalawan asupna deui penjajah ka nagri urang.

Disebutkeun ku Hendry dina éta acara sertijab, yen ajén perjuangan Khittah PWI taun 1946 masih kénéh relevan pikeun ngajawab tangtangan PWI katut pasualan kabangsaan mangsa ayeuna jeung ka hareupna. Kasadaran pentingna ngajaga persatuan jeung kesatuan Indonesia minangka nagara anu ragem, jadi kacida pentingna. Sebut waé éta téh sumanget "PWI Merah Putih", cenah.

“Sim kuring nyipta-nyipta, dina kapangurusan PWI periode 2023 tepi ka 2028 engké bakal aya kira-kira 1.000 tepi ka 5.000 wartawan anu tiasa ngiringan kursus singget di Lemhannas RI. Sim kuring tos ngararancang rukun gawé sareng Lemhannas," ceuk Hendry Ch Bangun.

Momentum wawasan kabangsaan ogé bakal dituturkeun ku pangwangunan infrastruktur fisik, mangrupa pangwangunan Grha Pers Pancasila di Yogyakarta. Gubernur DIY Yogyakarta Sri Sultan Hamengku Buwono X ngarojong kana éta rarancang, kaasup pamangku kapentingan séjénna di éta daerah.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x