Kapangurusan PWI Pusat Periode 2023 – 2028 Geus Dibentuk

- 8 Oktober 2023, 10:17 WIB
Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun, digédéngan ku formatur kapangurusan Farianda Putra Sinik (Ketua PWI Sumut) jeung H. Zulmansyah Sekedang (Ketua PWI Riau) ngabéwarakeun Susunan Pengurus Pusat PWI Periode 2023-2028, di Sekretariat PWI Pusat, Gedung Dewan Pers, Kebon Sirih Jakarta, Sabtu (07/10).
Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun, digédéngan ku formatur kapangurusan Farianda Putra Sinik (Ketua PWI Sumut) jeung H. Zulmansyah Sekedang (Ketua PWI Riau) ngabéwarakeun Susunan Pengurus Pusat PWI Periode 2023-2028, di Sekretariat PWI Pusat, Gedung Dewan Pers, Kebon Sirih Jakarta, Sabtu (07/10). /Humas PWI Pusat./

GALURA.CO.ID. –  Hendry Ch Bangun, Ketua Umum PWI Pusat nu kapilih dina Kongres Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) XXV di Bandung, digédéngan ku formatur kapangurusan H. Zulmansyah Sekedang (Ketua PWI Riau) jeung Farianda Putra Sinik (Ketua PWI Sumut) ngabéwarakeun Susunan Pengurus Pusat PWI Periode 2023-2028, di Sekretariat PWI Pusat, Gedung Dewan Pers, Kebon Sirih Jakarta, Sabtu (07/10).

Hendry ngécéskeun, PWI kudu balik kana jati dirina sakumaha diputuskeun dina Kongres PWI di Solo 9 Februari 1946, “ikut menjaga kedaulatan negara”. Ku kituna, cenah, PWI kudu hadir, boga sikep, méré bongbolongan (solusi) dina sakur masalah bangsa. “Lantaran PWI lain saukur organisasi wartawan tapi bagian gemleng tina Negara Kesatuan Republik Indonesia,” ceuk Hendry Ch Bangun.

Baca Juga: Kapilih Jadi Ketua Umum PWI 2023-2028, Hendry Ch Bangun: PWI téh ‘Rumah Bersama’ Sakumna Wartawan Profesional

Ku kituna ogé, cenah, kagiatan munggaran PWI Pusat téh museur dina sual ajegna deui PWI kana khittah-na nyaéta nga-launching penguatan Pers Kebangsaan jeung pangwangunan Graha Pers Pancasila di Yogyakarta.

“Dina rapat ogé diputuskeun pikeun ngabentuk tim kecil penyelaras PD PRT luyu jeung amanat kongres,” ceuk Hendry.

Ketum PWI Pusat ogé nétélakeun, pangurus nu masih ngarangkep jabatan, kudu geuwat ngécagkeun jabatanana, boh di kapangurusan PWI Provinsi boh di kapangurusan organisasi wartawan séjénna. “Luyu jeung PD PRT, ulah aya rangkap jabatan di sadaya jenjang kapangurusan, ogé di organisasi wartawan sajenis,” pokna.

Baca Juga: Poè Kalima Aya Dua Bacalon Ketua PWI Kabupaten Bandung nu Daftar 

Susunan Pengurus PWI Pusat Masa Bakti 2023-2028

Dewan Kehormatan
Ketua : Sasongko Tedjo
Wakil Ketua : Zulfiani Lubis
Sekretaris : Nurcholis

Anggota:
1. Asro Kamal Rokan
2. Diapari Sibatangkayu
3. Iskandar Zulkarnain
4. Faturrahman
5. Helmi Burman
6. Akhmad Munir

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah