Kongres XXV PWI di Bandung, Aman tur Lungsur Langsar, Netepkeun Hendry Ch Bangun Jadi Ketua Umum 2023 - 2008

- 28 September 2023, 13:12 WIB
Kongres XXV PWI nu lumangsung di Hotel éL Bandung, 25-26 September 2023 geus netepkeun Hendry Ch Bangun jadi Ketua PWI periode 2023-2028. Dina gambar: Hendry Ch Bangun diapit ku Atal S. Depari (Ketua PWI 2018 – 2023) jeung Zulmansyah Sakedang.*
Kongres XXV PWI nu lumangsung di Hotel éL Bandung, 25-26 September 2023 geus netepkeun Hendry Ch Bangun jadi Ketua PWI periode 2023-2028. Dina gambar: Hendry Ch Bangun diapit ku Atal S. Depari (Ketua PWI 2018 – 2023) jeung Zulmansyah Sakedang.* /Dok. PWI Jabar/

GALURA.CO.ID - Kongres XXV Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) geus lekasan. Lumangsung kalawan aman tur lungsur-langsar di Hotel éL Bandung, 25-27 September 2023, éta kongres nu dibuka ku Presiden Joko Widodo di Istana Negara Jakarta (Senén, 25/9, bolay dibuka di Bandung) téh geus netepkeun Hendry Ch Bangun jadi Ketua PWI periode 2023-2028. Dina éta kongres ogé, Sasongko Tedjo kapilih jadi Ketua Dewan Kehormatan PWI Pusat.

Ku suksésna pelaksanaan Kongres XXV PWI, Ketua Umum PWI periode 2018-2023, Atal S. Depari ngahaturkeun nuhun ka sakabéh peserta jeung peninjau anu geus kongres dina suasana tingtrim.

"Alhamdulillah kongres lumangsung kalayan lungsur-langsar teu aya halangan-harungan nanaon. Hatur nuhun ka para peserta, ogé ka anggota PWI anu tos hadir di Kota Bandung kanggo ngiringan kongres," ceuk Atal.

"Hatur nuhun ogé ka panitia nu parantos ngarancang sareng ngalaksanakeun kongres dugi ka sadayana tiasa lungsur-langsar," pokna deui.

Baca Juga: Hadiah Hardjapamekas pikeun Guru Basa Sunda nu Boga Préstasi

Kekecapan nu sarua dikedalkeun ogé ku Ketua Panitia Kongres XXV PWI, Marten Slamet Susanto. Inyana nganuhunkeun ka para peserta jeung sakabéh anggota anu hadir dina pelaksanaan kongres. Numutkeun Marten, para peserta geus némbongkeun sikep bermartabat salila digelarna kongres.

“Ieu némbongkeun yén PWI téh organisasi profesi anu ngagaduhan martabat sareng berintelektual. Urang tiasa ngayakeun kongres bari henteu aya halangan-harungan nanaon,” ceuk Marten.

Minangka Ketua Panitia, Marten ogé  ngahaturkeun nuhun ka Pemerintah Provinsi Jawa Barat, Polda Jawa Barat, jeung sakabéh pihak anu geus ngarojong pelaksanaan kongres.

Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat ngarasa reueus pédah Jawa Barat bisa jadi bagian tina sajarah PWI. Komo Kongres XXV di Kota Bandung bisa lumangsung kalayan lulus banglus.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x