Ngaubkeun Wartawan dina Pemilu 2024, KPU jeung PWI Jabar Ngayakeun Diskusi jeung Silaturahmi

- 22 September 2023, 05:00 WIB
PWI Jawa Barat ngayakeun silaturahmi katut diskusi jeung Komisi Pemilihan Umum (KPU) Jawa Barat di Aula PWI Jabar, Jl. Wartawan II No. 23, Bandung, Rebo, 20 September 2023.*
PWI Jawa Barat ngayakeun silaturahmi katut diskusi jeung Komisi Pemilihan Umum (KPU) Jawa Barat di Aula PWI Jabar, Jl. Wartawan II No. 23, Bandung, Rebo, 20 September 2023.* /Ghiok/PWI Jabar/

GALURA.CO.ID. - Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat ngayakeun silaturahmi katut diskusi jeung Komisi Pemilihan Umum (KPU) Jawa Barat di Aula PWI Jabar, Jl. Wartawan II No. 23, Bandung, Rebo, 20 September 2023.

Ketua PWI Jabar Hilman Hidayat anu diwakilan ku Sekretaris Umum Tantan Sulton Bukhawan ngécéskeun, ieu kagiatan téh diayakeun sangkan meunang gambaran tumali jeung pelaksanaan Pilpres katut Pilkada 2024.

“PWI gaduh tarékah ngaédukasi wargi-wargi ti media sangkan ngarojatkeun kompetensi wartawan, utamina dina ngawartakeun sual-sual nu aya patalina sareng pemilu," ceuk Tantan.

Komo apan, ceuk Tantan deui, dina pemilu 2019 ka tukang réa pisan berita-berita hoaks anu sumebar di masarakat.

Baca Juga: Kongres XXV PWI di Bandung, Diiiluan ku PWI 39 Provinsi, baris Dibuka ku Presiden Jokowi

"Andil wargi-wargi wartawan minangka partisipasi dina pelaksanaan pemilu 2019 ngahontal 79 persen. Muga-muga wé pemilu 2024 mah angka partisipasi nu ngiring pemilu téh tiasa langkung ronjat deui. Dipiharep, rukun gawé sareng KPU Jabar téh ka payunna tiasa teras dironjatkeun, utamana dina ngaminimalisir hoaks, dugi ka proses demokrasi tiasa lungsur-langsar luyu sareng harepan masarakat,” ceuk Thantan deui.

Ketua KPU Jabar Rifqi Almubarrok ngaaprésiasi kana éta kagiatan anu ngaubkeun pers mahasiswa ti  sababaraha kampus (di antarana ti UIN Sunan Gunung Djati, Universitas Padjadjaran, jeung Stikom Bandung). Numutkeun Rifqi, éta kagiatan lain saukur ajang silaturahmi, tapi ogé jadi jambatan pikeun terus ngawujudkeun demokrasi di Jawa Barat.

Ti kenca: Wakil Ketua Bid. Organisasi PWI Jabar Sandy Ferdiana (panumbu catur/moderator), Ketua KPU Jabar Rifqi Almubarrok, jeung Sekretaris Umum PWI Jabar Tantan Sulton Bukhawan.*
Ti kenca: Wakil Ketua Bid. Organisasi PWI Jabar Sandy Ferdiana (panumbu catur/moderator), Ketua KPU Jabar Rifqi Almubarrok, jeung Sekretaris Umum PWI Jabar Tantan Sulton Bukhawan.*

"Pemilu di Jabar kalintang luar biasana. Pemilu 2019 aya 32 juta pemilih, di mana pemilu legislatif sareng presiden, mangrupi pemilu ngawitan anu seueur parobihan, ti kawit kotak suara tina aluminium janten kotak fiber, tur éta janten bahan hoaks. Piraku wé atuh KPU nyieun kotak suara tina dus bari digembok," ceuk Rifqi.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x