Hadiah Hardjapamekas pikeun Guru Basa Sunda nu Boga Préstasi

- 28 September 2023, 05:30 WIB
Pamasrahan “Hadiah Hardjapamekas” 2023 pikeun guru basa Sunda  nu  boga préstasi, Saptu, 23 Séptémber 2023, di Perpustakaan Ajip Rosidi, Jalan Garut, Kota Bandung.*
Pamasrahan “Hadiah Hardjapamekas” 2023 pikeun guru basa Sunda nu boga préstasi, Saptu, 23 Séptémber 2023, di Perpustakaan Ajip Rosidi, Jalan Garut, Kota Bandung.* /May Lodra/Rancage/Glr/

GALURA.CO.ID. - Yayasan Kebudayaan Rancage rukun gawe jeung Program Studi Bahasa Sunda UPI masrahkeun “Hadiah Hardjapamekas” 2023 pikeun guru basa Sunda nu boga préstasi, Saptu, 23 Séptémber 2023, di Perpustakaan Ajip Rosidi, Jalan Garut, Kota Bandung.

Acara pamasrahan hadiah diluuhan ku Erry Riyana Hardjapamekas, Ketua Dewan Pembina Yayasan Kebudayaan Rancagé anu oge putra R. Sobri Hardjapamekas.

Dina prak-prakanana, acara direuah-reuah ku maca sajak (Salma Fauzani), tembang Sunda (Ani Sukmawati), jeung gunem catur “Ngaronjatkeun Kamotékaran Guru Basa Sunda” kalayan nu ngajejeranna Prof. Dr. Dingding Haerudin, Risnawati, jeung Cecep Burdansyah minangka panumbu catur (moderator).

Baca Juga: Tetep Munel, Galura Cetak V September 2023, Ngaguar Nelesan di Desa Nagarapageuh Panawangan Kabupaten Ciamis

Hadiah Hardjapamekas téh pangajén pikeun guru basa Sunda. Tujuan utamana pikeun milu ngadorong sumanget para guru dina tarékah miara tur mekarkeun basa, utamana liwat widang pangajaran jeung pendidikan.

Ieu hadiah dipasrahkeun unggal taun ku Yayasan Kebudayaan Rancage rukun gawé jeung Program Studi Bahasa Sunda, FPBS, Universitas Pendidikan Indonésia (UPI). Numutkeun panitia acara, kagiatan anu dirojong ku Keluarga Besar Hardjapamekas téh geus diayakeun ti taun 2008 kénéh, diajangkeun pikeun tiluaneun, nyaéta guru SD/MI, guru basa Sunda SMP/MTs, jeung guru SMA/SMK/MA/MAK.

“Upami nyawang kana sasakalana, ieu hadiah téh miang tina kanyataan yén pancén guru basa Sunda di sakola téh kalintang beuratna. Sawatara guru kudu ngagéroh siswa nu sama sakali teu barisaeun basa Sunda lantaran jolna ti lingkungan kaom mukimin, atawa lantaran kolot-kolotna teu ngajarkeun basa Sunda di imahna. Ka dieunakeun, siswa nu kolotna urang Sunda pituin gé beuki saeutik nu nyarita basa Sunda, pangpangna di wewengkon kota. Teu ngabibisani, upama sakapeung mah pangajaran basa Sunda dianggap leuwih hésé ti batan pangajaran basa deungeun,” ceuk H. Elin Sjamsuri, girang pangajén Hadiah Hardjapamekas, nalika nepikeun béjer pangajénna.

 

Baca Juga: Guru Non ASN di Kabupaten Majalengka Miluan BPJS Ketenagakerjaan, Leuwih Kajamin

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah