Guru Non ASN di Kabupaten Majalengka Miluan BPJS Ketenagakerjaan, Leuwih Kajamin

- 26 September 2023, 19:00 WIB
Di KABUPATEN Majalengka guru non ASN diasupkeun kana BPJS Ketenagakerjaan sangkan meunang jaminan, sarua jeung pagawe swasta sejenna non guru.
Di KABUPATEN Majalengka guru non ASN diasupkeun kana BPJS Ketenagakerjaan sangkan meunang jaminan, sarua jeung pagawe swasta sejenna non guru. /Ayank /galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Pamarentah Kabupaten Majalengka nandatangan rukun gawe jeung BPJS Ketenagakerjaan Cabang Majalengka, Bank BJB Majalengka sarta Dinas Pendidikan pikeun program Perlindungan Jaminan Sosial keur rebuan Guru Non ASN (P3K) di lingkungan Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka.

Ditanda tanganna rukun gawe bieu diluuhan langsung ku Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., tempatna di Balroom Hotel Fieris Kertajati,  Rebo (06/09/23). Kepala BPJS Ketenagakerjaan Cabang Majalengka Aztriana  Novitasari, Kepala BPJS Ketenagakerjaan Cabang Cirebon, Sudarwot.

Kitu deui  Sekda Majalengka, Eman,  Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Dr. Hj. Lilis Yuliasih, M.Pd., katut sakumna Kepala OPD lianna, Kepala Pimpinan Cabang Bank BJB Majalengka. Guru non ASN di lingkungan Disdik Kabupaten Majalengka oge sarua milu ngaluuhan,  ngahajakeun daratang.

Baca Juga: Mubes POM SAQ Nur Madani 2023, Ngaronjatkeun Kétak Organisasi pikeun Ngarojong Kamajuan Siswa jeung Sakola

Pemkab Majalengka di taun 2024 ngalokasikeun dana Rp 400 Juta leuwih pikeun Perlindungan Jaminan Sosial BPJS Ketenagakerjaan  keur guru non ASN. Di Majalengka aya 3.136 Guru Non ASN di auban Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka. “Insya Allah dianggarkeun dina APBD Pemkab Majalengka taun 2024 payun,” ceuk Bupati Majalengka.

Kepala Disdik Kabupaten Majalengka, Hj.Lilis Yuliasih, ngungkabkeun, pihakna (Disdik) kawilang ngahatur nuhunkeun tur ngaapresiasi ka Pamarentah Kabupaten Majalengka katut BPJS Ketenagakerjaan nu geus mere jaminan utamana pikeun sakumna tenaga honorer di lingkungan Dinas Pendidikan Majalengka.

Kepala BPJS Ketenagakerjaan Cabang Majalengka Aztriana Novitasari, nyebutkeun BPJS ngalaksankeun lima program:  jaminan kecelakaan kerja,  jaminan kematian,  jaminan pensiun, jaminan hari tua jeung jaminan kehilangan pekerjaan.

"BPJS Ketenagakerjaan masihan panangtayungan ka sakumba ekosistem pekerja, boh sektor formal pon kitu informal, sektor jasa konstruksi. Tur nu kiwari BPJS bakal ngabantos tenaga Pendidik non ASN nu aya din auban Disdik Majalengka supados tiasa ka-cover BPJS Ketenagakerjaan," ceuk Azriana Novitasari.

Ceuk Azriana, ku mayar sabulan Rp11.775 bisa miluan BPJS Ketenagakerjaan. Bakal langsung meunang proteksi jeung perlindungan. "Sakumna pamilon bakal mibanda manpaat nu ageung ti salah sahiji program unggulan perlindungan masarakat nu diprogramkeunku  pama­rentah," pokna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x