Tumorojog ka Victory Waterpark Sadu Kabupaten Bandung, Caleg DPR RI Sania Siti Tuti Susilawati Dipalotret

- 23 Oktober 2023, 06:00 WIB
Calon anggota DPR RI Sania Siti Tuti Susilawati nganjang ka  Victory Waterpak Sadu Soreang Kabupaten Bandung, Ahad (22/10/ 2023) .
Calon anggota DPR RI Sania Siti Tuti Susilawati nganjang ka Victory Waterpak Sadu Soreang Kabupaten Bandung, Ahad (22/10/ 2023) . /Supendi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Tumorojogna Sania Siti Tuti Susilawati ka Victory Waterpark Sadu, Jalan Raya Soreang Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung, Ahad (22/10/2023) jadi puseur perhatian wisatawan.

Sababaraha urang di antara aya nu wanoheun pisan ka Sania tur langsung ngajak dipoto bareng. Aya ogè nu asa-asaeun, alatan ieu artis panyanyi R&B lawas nu noronyong dina taun 1990 nu lwuwih wanulih ku ngaran Tuti Gareta teh geus lila teu tandang dina layar kaca.

Harita Sania ngahaleuangkeun sababarah baris sair lagu nu kungsi hit dina mangsana. Kakara wisatawannu asa-asa tèh sadar nu di harreupeunana tèh Sania nu ngaran aslina mah Siti Tuti Susilawati Sutisna.

Baca Juga: Tadina Kurang Kataji, Sania “Siti Tuti Susilawati”, Antukna Ancrub dina Politik

Sania balaka, tumorojog di Victory Waterpark Sadu, pikeun leuwih ngawanohkeun dirina ka warga. "Simkuring ka dieu tèh kanggo silaturahmi ngawanohkeun diri supados langkung caket., sakantenan sosialisasi pencalonan simkuring di DPR RI ti Perindo nomer urut 3, Daerah Pemilihan Jabar 2, Kabupaten Bandung sareng Kabupaten Bandung Barat, " pokna.

Salasahiji wisatawan, Cipta ngaku bungah tepung jeung Sania. Inyana mikaresep lagu-lagu Sania. Basa Sania nepikeun pamaksudanana rèk ngalonkeun jadi anggota DPR RI , Cipta ngaku kacida ngarojong. " Alhamdulillah. Mugia tinekanan tur tiasa merjuangkeun masarakat, " pokna.

Humas Victory Waterpark Sadu, Ayi Purnama nètèkakeun, pihakna bungah kaanjangan Sania. "Pengunjung kahibur sabab Sania ngawanohkeun diri bari sasakali ngahaleuang tembangna. Insyaallah bakal diagendakeun pikeun nyanyi husus. Iwal ti di Waterpark Sadu ogè bakal diagendakeun di Waterpark Majalaya, " pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x