Vino G. Bastian jeung Laura Basuki Ngadominasi Unggulan FFWI 2023

- 21 Oktober 2023, 07:06 WIB
Vino G Bastian waktu nyangking gelar Aktor Utama Terbaik genre film drama dina Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) XII taun 2022.*
Vino G Bastian waktu nyangking gelar Aktor Utama Terbaik genre film drama dina Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) XII taun 2022.* /Rosyid EA/Galura/

GALURA.CO.ID. – Aktor Vino G Bastian jeung Laura Basuki ngadominasi unggulan Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) XIII anu diumumkeun kamari, Jumaah, 20 Oktober 2023, di Jakarta. Éta pengumuman unggulan FFWI XIII téh, ogé disiarkeun liwat www.youtube.com/watch?v=vI08kLg9V6k , festivalfilmwartawan.Id, jeung sawatara média sosial lianna.

Dina FFWI XIII taun ieu, Vino G Bastian mulangkeun deui kasuksésanana anu geus dicangking dua taun saméméhna. Taun 2021 Vino diunggulkeun pikeun kategori Aktor Utama Terbaik dina genre komedi. Sataun ti harita, 2022, inyana nyangking unggulan Aktor Utama dina genre komedi jeung drama.  Taun ieu, ku Dewan Juri Awal FFWI XIII anu diwengku ku 21 wartawan seni, budaya jeung film, Vino diunggulkeun minangka Aktor Utama Terbaik pikeun peranna dina film horor (Qodrat), drama (Buya Hamka Vol 1), jeung genre laga (Hitmen).

Pikeun kategori Aktris Utama Terbaik, Laura Basuki nyangking unggulan dina 3 tina 4 genre film anu diajén, nyaéta dina film Sleep Call (horor/thriller psychology), Berbalas Kejam (drama), jeung Cek Toko Sebelah 2 (komedi). 

Baca Juga: Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) 2023 Réa Inovasi, Bakal Béda ti Taun-taun Saméméhna

Unggulan 4 genre

Laura Basuki.*
Laura Basuki.*

FFWI XIII taun 2023 ieu, masih dirojong ku Direktorat Perfilman, Musik jeung Media (PMM), Dirjen Kebudayaan, Kementerian Pendidikan jeung Kebudayaan (Kemendikbud) Riset jeung Teknologi (Ristek).

Direktur PMM, Dirjen Kebudayaan, Kemendikbud Ristek, Ahmad Mahendra, nyebutkeun, FFWI geus peran aktif dina mantuan ngapromosikeun budaya jeung pendidikan film.

"FFWI nu dijurian ku para wartawan anu ngaliput perfilman, bébas tina vested interest dina ngajénna," ceuk Ahmad Mahendra.

Sajeroning kitu, Direktur Bidang Penjurian FFWI, Tertiani ZB Simanjuntak, ngécéskeun, proses penjurian FFWI XIII téh dibagi dina dua tahap. Tahap munggaran, Dewan Juri Awal ngayak/nyeléksi 128 judul film Indonesia anu geus diputer di bioskop jeung layanan video ti 1 Oktober 2022 tepi ka 30 September 2023.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x