Syukur Guest House Syariah Purwakarta, Merenah pisan keur Reureuh

- 20 Oktober 2023, 08:24 WIB
Gues Hoese Syariah Purwakarta, tempatna merenah keur reureuh.
Gues Hoese Syariah Purwakarta, tempatna merenah keur reureuh. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Mun seug kabeneran keur nyayabaan di Purwakarta heg hayang reureuh, Syukur Guest House Syariah bisa dijadikeun pilihan. Tempatna jauh tina ramena patali marga, moal Karanggu ku sora kandaraan.

Syukur Guest House Syariah perna Cinangka, Bungursari, Kabupaten Purwakarta, di Jalan Bromo Jatim. Ti panto Tol Cikopo kurang leuwih sakilometer satengah. Ari ti sisi jalan purwakarta-Cikampek mah genep ratus meteran.

Syukur Guest House Syariah bisa disebutkeun tempatna nyamuni. Malah dikubeng ku pager. Kamar-kamarna siga kontrakan. Aya ruang tamu, jeung dapur gigireun kamar mandi.

Baca Juga: Oleh-Oleh ti Wewengkon Banjir Dage Lakek ti Kabupaten Bandung, Ujar Asam Urat

"Leres, kamarna sapertos kontrakan, supados tamu tumaninah," ceuk Anas nu ngokolakeun Guest House Syariah. Unggal kamar diAC-an. AC teh standar kamar penginapan di Purwakarta lantaran hawana panas. Aya korsi dua jeung meja leutik. Ngan teu dilengkepan ku tv.

Ku sabab syariah, tamu pasangan, lalaki jeung awewe nu teu mawa surat nikah, KK, atawa alamat di KTP-na henteu sarua, teu bisa nginep di Syukur Guest House. Bakal ditolak.

"Syukur Guest House mah ketat pisan, Kang," ceuk Abas. Komo deui penginapana di tengah-tengah paimahan nu wargana religius pisan.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x