Debit Cai Waduk Darma Nyirorot, Laukna Nambahan, Sabada Dilongok Danrem 063/SGJ

- 20 Oktober 2023, 06:37 WIB
Danrem 063/SGJ,  Kolonel Inf Andi Asmara Dewa SH M.Han, nyumangetan patani lauk Waduk Darma pikeun ngaronjatkeun budidaya lauk..
Danrem 063/SGJ, Kolonel Inf Andi Asmara Dewa SH M.Han, nyumangetan patani lauk Waduk Darma pikeun ngaronjatkeun budidaya lauk.. /Dok Kodim 0615/Kuningan/

GALURA-Debit cai di Waduk Darma sabudeureun Desa Jagara, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan kiwari nyirorot.

Teu Matak heran kituna teh, ku sabab kapan kiwari halodo entak-entakan.

Cai Waduk Darma anu biasana ngeleb nepika basisir, kiwari katangen kawas tegalan.

Sanajan kitu, pikeun patani jaring apung (japung) Waduk Darma henteu kakurangan cai.

Samalah lauk di japung Waduk Darma, kiwari Nambahan.

Sababaraha poe kaliwat, Danrem 063/SGJ,  Kolonel Inf Andi Asmara Dewa SH M.Han, nebarkeun 700 binih lauk nila jeung lauk emas di Waduk Darma.

Harita, inyana dibarengan ratusan rengrengan ti Korem 063/SGJ jeung Kodim 0615 Kuningan, kaasup Dandim 0615/Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan.

"Ieu kanggo ngarojong dina ngaronjatkeun paekonomian masarakat," ceuk Andi.***

 

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah