Ketua DK PWI Sasongko Tedjo: Anggota PWI nu Ngarangkep PNS/ASN kudu Ngundurkeun Diri

- 22 Oktober 2023, 04:55 WIB
Ketua Dewan Kehormatan PWI, Sasongko Tedjo (katuhu) ngagédéngan Ketua Umum PWI, Hendry Ch Bangun.*
Ketua Dewan Kehormatan PWI, Sasongko Tedjo (katuhu) ngagédéngan Ketua Umum PWI, Hendry Ch Bangun.* /Rosyid EA/Galura/

GALURA.CO.ID. – Anggota Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) anu ogé jadi Pegawai Negeri Sipil (PNS) atawa Aparatur Sipil Negara (ASN) kudu ngundurkeun diri tina salasahiji posisina éta.

Kitu di antarana hasil rapat munggaran Dewan Kehormatan (DK) PWI 2023-2028 di Sekretariat PWI Pusat, Gedung Dewan Pers, Lantai 4, Kebon Sirih, Jakarta Pusat, Salasa, 17 Oktober 2023.

Rapat dipingpin ku Ketua DK PWI Sasongko Tedjo, dibarengan ku Sekretaris DK PWI Nurcholis MA Basyari. Rapat munggaran gé diluuhan ku Wakil Ketua DK PWI Uni Z Lubis katut anggota DK PWI, kayaning Asro Kamal Rokan, Akhmad Munir, Fathurrahman, Diapari Sibatangkayu Harahap, jeung Helmi Burman. Salasaurang anggota DK PWI DK, nyaéta Iskandar Zulkarnaen, henteu hadir. Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun gé, di awal rapat milu ngaluuhan, bari jangji dirina katut réngréngan pangurus PWI Pusat, bakal sinergi jeung DK PWI.

Luyu jeung katangtuan Peraturan Dasar (PD) katut Peraturan Rumah Tangga (PRT) PWI, anggota PWI dilarang ngarangkep jadi Pegawai Negeri Sipil, Aparatur Sipil Negara, TNI, jeung Polri. “Ku alatan éta, anggota anu ngarangkep éta kedah ngundurkeun diri ti PWI,” ceuk Sasongko nu ogé Sekrétaris DK PWI manten (2018-2023).

Baca Juga: PWI Bakal Mulangkeun Marwah Organisasi

Sasongko negeskeun, DK PWI anu dipingpinna bakal terus ngalaksanakeun tugas, peran jeung fungsina dina nanjeurkeun Kode Etik Jurnalistik (KEJ) jeung Kode Perilaku Wartawan (KPW) ku anggota PWI di sakuliah Indonesia.

Sasongko gé nétélakeun, yén sarat mundur téh henteu dilarapkeun ka anggota PWI anu statusna PNS atawa ASN di lembaga anu aya patalina jeung kagiatan jurnalistik, saperti Lembaga Kantor Berita Nasional (LKBN) Antara, Lembaga Penyiaran Publik (LPP) TVRI, jeung LPP RRI, anu bisa tetep jadi pangurus.

Sasongko miharep, ka anggota PWI anu ngarangkap PNS atawa ASN téh geura sagancangna nangtukeun pilihan. Lamun hayang tetep jadi anggota PWI, nya kudu mundur tina jadi PNS/ASN. Sabalikna, mun seug hayang tetep jadi PNS/ASN, kudu mundur tina posisina salaku anggota PWI.

Baca Juga: Totok Suryanto: Media Mainstream Kudu Waspada dina Nyanghareupan Kamotekaran Konten Media Sosial

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x