Lain Kampanye, Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Senam di Lapang Upakarti Mulangkeun Panineungan keur Budak

- 30 Oktober 2023, 08:36 WIB
Siti Tuti Susilawati, calon anggota DPR RI,  senam di satengahing ibu-ibu nu keur senam di Lapangan Upakarti Komplek Pemda Kabupaten Bandung, Ahad (29/10/2023).
Siti Tuti Susilawati, calon anggota DPR RI, senam di satengahing ibu-ibu nu keur senam di Lapangan Upakarti Komplek Pemda Kabupaten Bandung, Ahad (29/10/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Calon anggota DPR RI Siti Tuti Susilawati tumorojog di satengahing ibu-ibu nu keur senam di Lapangan Upakarti Komplek Pemda Kabupaten Bandung, Ahad (29/10/2023).

Ieu penyanyi R & B  ngawanohkeun ngaran. " Simkuring Siti Tuti Susilawati Sutisna. Asli urang dieui. Warga Desa Gajahmekar Kecamatan Kutawariingin. Asli urang Sunda, " ceuk Siti di hareupeun ratusan ibu-ibu nu rek senam.

Di antara nu keur senam katiten bangun hemeng basa disebut Siti Tuti Susilawati. Tapi, basa ieu bintang tamu  ngahaleuangkeun tembang nu kungsi hit 'Cintai Aku Lagi', karèk di antara nu senam yakineun nu di hareupeunana ieu tëh panyanyi Sania, atawa wanoh ku ngaran Tuti Margareta.

Baca Juga: Tumorojog ka Victory Waterpark Sadu Kabupaten Bandung, Caleg DPR RI Sania Siti Tuti Susilawati Dipalotret

"Oh, janten jenengan asli Teh Sania teh Tuti Siti Tuti Susilawati? " kitu rèang.

Teu kawawa nu marènta dipoto bareng ngagimbung nunggu kabagèan antrian.

"Simkiring bungah pisan dinten ieu aya di di Lapangan Upakarti sasarengan sareng urang Soreang. Kumargi simkuring asli urang dieu. Alhamdulillah pangbagè urang dieu luar biasa, " ceuk Sania satutas senam.

Olahraga bareng jeung ibu-ibu di Lapangan Upakarti nieutkeun Sania mulangkeun panineungan keur budak, sabab asli urang wewengkon Soreang, ngan harita senamna can di lapangan Upakarti, tapi di Alun-Alun Soreang.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x