Ketua DPP PAN, Bima Arya, Nganjang ka Kantor DPD PAN Majalengka

- 14 Juni 2024, 07:30 WIB
Ketua DPP PAN Dr. Bima Arya Sugiarto nganjang ka kantor DPD PAN Majalengka
Ketua DPP PAN Dr. Bima Arya Sugiarto nganjang ka kantor DPD PAN Majalengka /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Ketua DPP Partai Amanat Nasional (PAN) Dr. Bima Arya Sugiarto nganjang ka kantor DPD PAN Majalengka. Dibageakeun ku Rona Firmansyah Ketua DPD PAN Majalengka sarta pangurus nepi ka tingkat kecamatan.

Bima Arya Walikota manten Bogor datang ka kantor DPD PAN Majalengka kurang leuwih jam 16.30 WIB. Bima Arya nyebutkeun  dirina ditugaskeun maju Pilgub Jawa Barat.

Bima ngaku inyana geus komunikasi jeung sababaraha partey politik pikeun kapentingan koalisi dina Pilgub Jawa Barat 2024. Bima Arya ngaku geus panggih jeung Partai Keadilan Sejahtera (PKS) pikeun silaturahmi politik.

Sual popularitasna di Jawa Barat, Bima Arya, ngaku bakal satekah polah ngaronjatkeun tingkat elektabilitasna.

"Bakal dipasang APK, kangge nyosialisasikeun diri di Majalengka," ceuk Bima Arya. Inyana siap makalangan dina Pilgub Jawa Barat 27 November 2024.

Soal Desi Ratnasari anu oge kabejakeun bakal maju jadi calon Gubernur, Bima Arya bakal fastun ka partey.

"Teh Desi kan ketua DPW PAN, nalika anjeunna direkomendasikeun majeng Pilgub simkuring bakal fastun ka partai". Tegasna.

Acara rengse kurng leuwih jam 18.00 WIB, Bima Arya katut rombongan saterusna ka Cirebon  silaturahmi jeung pangurus PAN Cirebon.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah