Yayah Rokayah, Wanoja Tunanetra ti Rawamerta Kabupaten Karawang Tapis pisan Tepak Kendang

- 24 Oktober 2023, 18:00 WIB
Yayah Rokayah ti Rawamerta Kabupaten Karawang maher jeung tapis dina tepak kendang.
Yayah Rokayah ti Rawamerta Kabupaten Karawang maher jeung tapis dina tepak kendang. /Nana/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ti keur burey kénéh Yayah Rokayah, wanoja tuna nétra putri pasangan  Ayu jeung Walim (suwargi), geus témbong bakatna kana seni. Ti umur lima taun geus bisa nabeuh tamtam, dina umur genep taun geus bisa nabeuh kendang, nincak umur tujuh taun geus bisa ngawih jeung  ngendang.

Yayah Rokayah, medal ka alam dunya 18 Agustus 1987 di Kampung Pasirkaliki, RT.04, RW 01 Désa Pasirkaliki, Kacamatan Rawamerta, Kabupatén Karawang, geus mahér ngawih, jeung ngendang katut niron sora rebab.

Lamun keur mintonkeun kabinangkitanna dina bab ngawih jeung ngendang, sok mangkatan lagu ku sora rebab, sorana kapireng kawas sora rebab, terus ditumbu ku nabeuh ngendang, bari ngenang dirina ngawih. Luar biasa, kakurang nu aya dina dirina teu ngahalangan mekarkeun bakat senina.

Baca Juga: FFWI XIII: 5 Film Laga Marebutkeun Piala Gunungan nu Munggaran

Saméméh sumebar sasalad korona, ieu wanoja nu diajar ngendang jeung ngawih dimimitian ku mireng dina radio, jadwal manggungna kawilang euyeub. Ti saprak aya sasalad korona, manggungna ngadadak eureun, da arang aya nu hajat nanggap kasenian.

Bakat senina katingali ku seniman kiliningan jeung maéstro kendang Namin jeung Suwanda. Bakat ngendangna diasah ku éta maéstro kendang jaipongan, kualitas ngawih kapesindenna undak sanggeus sababaraha kali ieu mojang Karawang téh nepungan maéstro kapesindénnan Cicih Cangkurileung suwargi jeung Mamah Idjah Hodijah suwargi.

“Simkuring ngaraos reueus, bagja tiasa nimba kaweruh ngeunaan seni ri Pa Suwanda, Pa Namin, Bu Hajah Idjah, Ibu Hajah Cicih Cangkurileung, élmuna karaos mangpaat pisan,” ceuk Yayah Rokayah.

Daya ingetna luar bisa, kawih ketuk tilu kayaning “Kangsréng”, “Gondang”, “Sulanjana”, “Géboy”, “Bardin”, “Awi Ngarambat”, “Golétrak”, “Cikeruhan”, “Polostomo”, ­jeung lagu kiliningan kayaning “Kulu-kulu Sadunya”, “Kawitan”, “Rénggong Bandung”,  jeung lagu kapasindénan lianna kacangkem.*** 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x