FFWI XIII: 5 Film Laga Marebutkeun Piala Gunungan nu Munggaran

- 24 Oktober 2023, 05:00 WIB
Anggy Umbara waktu nampa Piala Gunungan ti FFWI taun 2021 pikeun film komédi “Sabar Ini Ujian”.*
Anggy Umbara waktu nampa Piala Gunungan ti FFWI taun 2021 pikeun film komédi “Sabar Ini Ujian”.* /Dok. FFWI/Galura/

 

GALURA.CO.ID. - Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) XXIII taun 2023 nambahkeun genre laga kana penjurian taun ieu, milih lima film pikeun ditandingkeun dina marebutkeun gelar “Terbaik” jeung anu munggaran pikeun genre laga.

Film-film anu pinuh ku aksi, kayaning Ashiap Man, Hitmen, Sri Asih, The Big 4, jeung Virgo and the Sparklings kaasup dina daftar unggulan film laga anu diumumkeun poé Jumaah, 20 Oktober 2023.

“Ieu hal ngajadikeun FFWI minangka festival film munggaran anu sacara husus ngayakeun kompetisi pikeun film-film laga,” ceuk Direktur Penjurian FFWI XXIII, Tertiani ZB Simanjuntak.

“Para juri parantos nongton tur ngajén 10 film laga anu tos tayang salami periode penilaian, tapi nganggap dua di antarana langkung condong lebet kana kategori film drama,” ceuk Tertiani.

Numutkeun Tertiani, taun-taun saméméhna mah genre laga téh henteu ditandingkeun sabab jumlah produksina henteu nyumponan katangtuan penjurian; nyaéta wates minimal lima judul film pikeun tiap genre anu aya.

Baca Juga: Vino G. Bastian jeung Laura Basuki Ngadominasi Unggulan FFWI 2023

"Para juri nyatetkeun undakna film laga nasional salami sataun ka dieunakeun anu kalintang maliré kana kualitas produksi kalayan rupi-rupi premise anu matak mincut. Nya mugi-mugi film-film anu dipilih ku para juri téh tiasa nambah khazanah tongtonan para pencinta film Indonesia,” pokna deui.

Dina unggulan genre film laga FFWI 2023, ngaran Anggy Umbara aya dina tilu daftar unsur minangka Penulis Skenario Terbaik, Sutradara Terbaik, jeung minangka produser Umbara Brothes gawé bareng jeung MD, nyangking unggulan Film Terbaik.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah