Tarling di Masjid Besar Pangalengan Bupati Bandung: Ngamulyakeun Ulama, PAD Ngaronjat

- 23 Maret 2024, 19:10 WIB
Tarling di Masjid Besar Kecamatan Pangalengan, Kabupaten Bandung.
Tarling di Masjid Besar Kecamatan Pangalengan, Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, H.M. Dadang Supriatna jeung Bunda Bedas, Hj. Emma Dety, masrahkeun santunan ka sajumlah budak yatim di lelewek Masjid Besar Kecamatan Pangalengan Kabupaten Bandung, Juma'ah, (22 Maret 2024.

Santunan bagèan tina runtuyan kagiatan Safari Ramadhan dan Tarawih Keliling (Tarling) Bupati Bandung jeung jajaran Organisasi Perangkat Daerah (OPD) Kabupaten Bandung.

Samèmèh ngalaksanakeun solat tarawèh, Bupati Bandung nyosialisasikeun zakat fitrah saurang Rp 40.000 atawa 2,5 kilo nu satara jeung 3,5 lèter.

Baca Juga: Tarling Mapay Desa Taun Ieu Kecamatan Kutawaringin Ngawakikan Dapil 1 Tariling Tingkat Kabupaten Bandung

Harita, Bupati ogè ngarèspon pameredih masarakat di Kecamatan Pangalengan nu miharep jalan ti bunderan Pangalengan tepi ka Pintu dibebener. Bupati ngajangjimeun taun ayeuna pameredih bieu dirèalisasikeun.

Dadang Supriatna ogè nyosialisasikenn 13 program prioritas. Salasahijina program guru ngaji kalawan anggaran Rp109 miliar.

"Ngamulyakeun boh guru ngaji boh para ulama seueur mangpaatna. Nalika urang transaksi sareng Allah SWT, Mantena ngagampilkeun usaha urang. Kabuktosan pendapatan asli daerah (PAD) nu kawitna Rp960 miliar ngaronjat janten Rp1,3 triliun. Kitu deui APBD Kabupaten Bandung tina Rp4,6 trilyun janten Rp7,4 triluun. Ieu buktos kawasa Allah SWT," ceuk Dadang Supriatna..

Dadang Supriatna ngaku, tina 48 desa di Kabupaten Bandung, di antarana 13 desa di Kecamatan Pangalengan meunang dana bagi hasil (DBH) tina pengolahan panas bumi.

Baca Juga: Tarling di Cimenyan, Bupati Bandung Masualkeun SMAN nu ku Provinsi Jabar Can Diwujudkeun

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x