Tarling di Cimenyan, Bupati Bandung Masualkeun SMAN nu ku Provinsi Jabar Can Diwujudkeun

- 19 Maret 2024, 14:28 WIB
Tarling di Cimenyan (18/03/2024), Bupati Bandung Dadang Supriatna masualkeun SMAN nu can ngawujud wae.
Tarling di Cimenyan (18/03/2024), Bupati Bandung Dadang Supriatna masualkeun SMAN nu can ngawujud wae. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna solat tarawéh di Masjid Darushudur Desa Cimenyan, Kecamatan Cimenyan, Kabupaten Bandung, Senèn, 18 Maret 2024.

Samèmèh ngalaksanakeun solat tarawèh, Bupati Bandung dibarengan Bunda Bedas Emma, Dety Dadang Supriatna masrahkeun santunan ka budak yatim, kaasup di antarana barudak tunanetra nu aub milu tarawèh.

Dina tarling Dadang Supriatna nyebutkeun aspirasi masarakat nu mikahayang aya SMA Negeri di Cimenyan tacan bisa ngawujud. Wewenang ngadegkeun SMA ayana di Provinsi Jawa Barat, lain di kabupaten atawa kota.

Baca Juga: Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

"Saleresna, lahan lokasina tos aya. Upami ti provinsi teu aya waè, wios nu nganggarkeun kanggo ngawangun SMA Negeri di Cimenyan, Pemkab Bandung wè. Ngèmutkeun prasarana sareng sarana SMA Negeri di Cimenyan kacida diperyogikeun masarakat," ceuk Dadanh Supriatna.

Bupapati ogè meredih Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung supaya ngaproses izin operasional sagancangna.

"Saheulaanan didamelkeun kelas jauh heula supaya tiasa dimangpaatkeunn ku barudak urang, supaya bisa sakola di SMA Negeri," pokna.

Bupati nyebutkeun para siswa lulusan SMP asal Cimenyan teu bisa nuluykeun sakola ka SMA Negeri di Kota Bandung kalawan alasan zonasi. "Ku margi kitu , salasawios solusina kedah aya SMA Negeri di Cimenyan," pokna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x