Sababaraha Kali Diusulkeun Diwangun, Sasak Cikeruh Antukna Diresmikeun Bupati Bandung

- 30 Maret 2024, 19:31 WIB
Sasak Cikeruh di Kabupaten Bandung.
Sasak Cikeruh di Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

Minangka warga asli Desa Tegalluar, waktu inyana masih jadi kepaala desa taun 2016 kungsi ngusulkeun ngawangun Sasak Cikeruh. Ngan, waktu rèk diwangun pisan statusna pindah jadi kawenangan Pemprov Jabar. Anggaran ti APBD nu geus dialokasikeun tèh teu kaserep.

Taun 2019, basa Dadang Supriatna jadi anggota DPRD Propinsi, pangwangunan sasak Cikeruh diusulkeun ka Pamarèntah Provinsi Jawa Barat, tuluy disatujuan. Ngan anggaranana dicoret sabab balukar recofusing Covid 19.

"Alhamdulillah, ayeuna saparantos simkuring janten Bupati, dialokasikeun anggaranana kanggo pangwangunan Sasak Cikeruh tèh. Isin ogè simkuring salaku urang Tegalluar upami banjir di dieu teu bèrès-bèrès," ceuk Dadang Supriatna.

Kepala Dinas PUTR Kabupaten Bandung Zeis Zultaqawa ngaku kacida syukur lantaran geus sababaraha kali kahalangan dina pangwangunan Sasak Cikeruh nu antukna bisa dirèngsèkeun.

Zeis nganuhunkeun ka Bupati Dadang Supriatna katut masarakat satempat nu sakitu sumanget ngarojong proyek pangwangunan Sasak Cikeruh.

Sasak ieu, ceuk Zeis memang kacida penting pikeun masarakat di sababaraha kecamatan minangka jalur alternatif utamana warga Majalaya, Ciparay jeung Tegalluar ka Kota Bandungkeun. Kitu deui sabalikna.

"Mugia manpaat kanggo masarakat,. Insya Allah Sasak Cikeruh ieu tos nyumponan aspek kasalametan sareng kaamanan kumargi sateuacanna tos ngalangkungan tahapan pangujian," cuk Zeis. ***
Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah