Khutbah Idul Fitri DKM Al-Haq Margahayu Bandung: Ulah Ngarasa Cukup Pèdah Geus Rèngsè Ibadah di Bulan Romadon

- 10 April 2024, 16:10 WIB
Khotib Ustadz Hilman di palataran sakola Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung (10/04/2024).
Khotib Ustadz Hilman di palataran sakola Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung (10/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Umat Islam ulah ngarasa cukup pèdah geus ngarèngsèkeun ibadah salila Romadon. Kudu terus ditingkatkeun dina bulan-bulan sèjènna. Tingkatkeun èlmu, iman, tur amal soleh. Ulah ngarasa cukup ku amal.

Ieu tèh cutatan tina khutbah Idul Fitri 1 Syawal 1445 H, ninggang dina tanggal 10 April 2024 M nu ditepikeun ku khotib Ustadz Hilman di palataran sakola Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung.

Di DKM Al-Haq saban Romadon pepek ku kagiatan karohanian. Salila sabulan, geus dijadwal para mubalig nu baris ngeusian ceramah samèmèh solat tarawèh.

Baca Juga: Malem Munggaran Tarawèh Ketua DKM Al-Haq Umajak Ngamangpaatkeun Menu Romadon Nu Disayagikeun ku Alloh

Anu ceramah boh ti luar wewengkon Masjid Al-Haq, boh pribumi, selang sekar jeung ustadz rumaja hasil atikan di Masjid Al-Haq. Kitu deui saban subuh, sabada solat subuh para ustad ngeusian rohani jamaah.

Iwal ti kitu, Masjid Al-Haq ogè ngayakeun tahfid Qur'an pikeun barudak umur SD, SMP, jeung rumaja dina saban sorè tepi ka magrib, bari tajil babarengan.

Samèmèh Romadon pungkas, diayakeun kajian Romadon. Sakalian mintonkeun barudak jeung para rumaja ngetrukkeun kamampuhna dina ngapalkeun ayat-ayat Al-Quran.

Barudak jeung rumaja binaan para seniorna, sakalian diapresiasi. Ditutup ku kajian Romadon jeung rampak buka puasa. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x