Malem Munggaran Tarawèh Ketua DKM Al-Haq Umajak Ngamangpaatkeun 'Menu ' Romadon Nu Disayagikeun ku Alloh

- 11 Maret 2024, 21:36 WIB
Tarawèh munggaran di Masjid Al-Haq Margahayu  Kabupaten Bandung (11/03/2024)..
Tarawèh munggaran di Masjid Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung (11/03/2024).. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID. "Singsaha nu saum di bulan Romadon ku didadasaran iman jeung miharep pahala ti Alloh, tanwandè dosana nu ka tukang-tukang baris meunang pangampura.”

Ieur Hadits Riwayat Bukhari Muslim  ditepikeun ku Ketua Dewan Kemakmuran (DKM) Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung, Dr. Eng. Asep Suhendi dina ceramahna samemèh  solat tarawèh munggaran, dina Romadon 1445 H.

Nu dimaksud saum didadasaran iman, ceuk Asep, saum kalayan yakin kana kawajiban saum. Ari nu dimaksud ihtisab: miharep pahala ti Alloh.

Baca Juga: Najan Beda Nangtukeun 1 Romadon 1445, Lebaran mah Muhammadiyah jeung Pamarentah Sarua

Dina ieu kasempetan, Asep ngabèwarakeun, di DKM Al-Haq saban Romadon pepek ku kagiatan karohanian. Salila sabula, geus dijadwal para mubalig nu baris ngeusian ceramah samèmèh solat tarawèh.

Anu ceramah boh ti luar wewengkon Masjid Al-Haq, boh pribumi, selang sekar jeung ustadz rumaja hasil atikan di Masjid Al-Haq. Kitu deui saban subuh, sabada solat subuh para ustad ngeusian rohani jamaah.

Iwal ti kitu, Masjid Al-Haq ogè ngayakeun tahfid Qur'an pikeun barudak umur SD, SMP, jeung rumaja dina saban sorè tepi ka magrib, bari tajil babarengan. Taun ieu, prungna ngamimitian Salasa, 12 Maret 2024.

Asep umajak ka jamaah sangkan ngamangpaatkeun sahadé-hadèna menu ibadah dina bulan Romadon nu ku Alloh disayagikeun.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x