Ngaloris Pasar Tradisional, Mastikeun Pangan Aman Salila Bulan Puasa

- 10 Maret 2024, 16:07 WIB
/

GALURA-Penjabat Bupati Kuningan, Dr. Drs. R. Iip Hidajat M.Pd, ngaloris pasar tardisional jeung sababaraha toko swalayan di Kabupatén Kuningan pikeun mastikeun sasadiaan bahan poko nyumponan kabutuh masarakat salila bulan Ramadhan 1445 H.


Iip katut rengrengan  Forum Komunikasi Pimpinan Daerah (Forkompimda) Kabupatén Kuningan, ngaloris pasar di antarana wae Pasar Kepuh jeung Pasar Baru Kuningan.

Saméméhna ngaloris toko swalayan anu perenahna di Jalan Siliwangi Kuningan.

Ceuk Iip, sasadiaan bahan poko di pasar-pasar jeung toko swalayan bisa nyumponan kabutuh masarakat salila bulan Ramadhan. Kawas béas, minyak goréng, daging endog jeung bahan poko séjénna.


“Sim kuring oge bade ngaloris ka gudang bulog, sanaos bulog tos ngayakinkeun sasadiaan beas tiasa nuyumponan,” ceuk Iip.

Samalah ceuk Iip, henteu semet ngandelkeun béas ti Bulog. Aya sababaraha padagang béas anu meuli paré atawa béas jualeun di pasar langsung ti para patani Kuningan.


“Sasadiaan pangan utamana béas di Kuningan aman, dina bulan ieu oge dianatarana aya patani di Kuningan anu  panen,’ ceuk Iip.


Sajeroning kitu, Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Pertanian (Diskatan) Kabupatén Kuningan, Dr. Wahyu Hidayah, M.Si.,  nyebutkeun pikeun nunjel kabutuh pangan masarakat Kabupatén Kuningan geus aya sasadiaan paré anu diproduksi ku patani ti mimiti Bulan Januari 2024.


Ceuk Wahyu, pare  anu dipanen bulan Januari legana kurang leuwih 1.205 héktar, bulan Fébruari 1.577 héktar, Maret 4.513 héktar jeung bulan April dirarancang bakal panén 12.393 héktar.


“Produksi paré atanapi béas di Kabupatén Kuningan masih kénéh surplus, tapi saratna béas hasil patani ti Kuningan henteu diical ka luar daérah,” ceuk Wahyu.***

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x