Nyanghareupan Romadon Harga Bèas Tuluy Undak, Pemkab Bandung Ngajamin Stok Bèas Aman, ari Hargana Kumaha?

- 27 Februari 2024, 19:00 WIB
Bupati Bandung dipoto bareng jeung salasaurang warga nu meuli beas murah.
Bupati Bandung dipoto bareng jeung salasaurang warga nu meuli beas murah. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Harga bèas nu tuluy-tuluyan undak ngabangreungkeun  masarakat. Komo deui keur nyanghareupan bulan Romadon.

Bupati Bandung, Dadang Supriatna ngajamin stok kabutuhan pokok masyarakat (kepokmas) Kabupaten Bandung masih sayagi tepi ka bulan Maret ayeuna.

Ngan Bupati Bandung teu ngajamin harga bèas di masarakat bisa turun, ari lain dina pasar murah nu harga beasna disubsidi.

Baca Juga: Pasar Murah Mieling Hari Pangan Dunia Taun 2023, Asda II Kabupaten Ciamis: Ciamis Salasahiji Leuit Jawa Barat

Ceuk Bupati Bandung, Dadang Supriatna Pemkab Bandung geus ngalakukeun lèngkah-lèngkah antisipasi keur kasayagian nyumponan kabutuhan masarakat nyanghareupan bulan Romadoan jeung Idul Fitri.

Hal ieu dienyakeun ku Kepala Dinas Perdagangan dan Perindustrian (Disperdagin) Kabupaten Bandung, Dicky Anugrah. Ngan, harga beas, utamana bèas premium jeung medium,  undak.

Samèmèhna, ceuk Dicky, dina Desember 2023 bèas premium sakilona Rp14.000,   ayeuna undak kana 20%, jadi Rp17.500. Bèas medium nu asalna sakilo Rp13.000 undak 18,75%, jadi Rp16.000.

“Undakna harga bès alatan sababaraga faktor, di antarana ayana parobahan usum tandur ku ayana El Nino tur gangguan dina distribusi bèas balukar "long weekend,” ceuk Dicky, Salasa, 27 Pebruari 2024, di Soreang.

Baca Juga: Nyanghareupan Bulan Suci Ramadhan, Ciamis Ngagelar Operasi Pasar Murah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah