Pangpunjulna Sora di Dapil 2, Caleg DPRD Kabupaten Bandung ti PKS, H. Dadang Suryana Nganuhunkeun ka Relawan

- 25 Februari 2024, 17:58 WIB
Caleg DPRD Kabupaten Bandung ti PKS, H. Dadang Suryana.
Caleg DPRD Kabupaten Bandung ti PKS, H. Dadang Suryana. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dumasar itungan saheulanan calon anggota DPRD Kabupaten Bandung ti PKS, H. Dadang Suryana sorana pangpunjulna di Daerah Pemilihan (Dapil) 2 nu ngawengku Kecamatan Margaasih, Margahayu Dayeuhkolot, katut Kecamatan Katapang.

H. Dadang Suryana meunang sora kana 14.000. Ngan, Ceuk ieu Kepala Desa Rahayu manten kaabsahanana nungguan hasil rekapitulasi KPU Kabupaten Bandung.

"Sanaos kitu, sabaraha waè hasilna engkè, simkuring nganuhunkeun ka sakumna pihak sareng rélawan nu teu pamrih ngadukung ku tanagi sareng doa, " ceuk H. Dadang waktu nitènan rekapitulasi tingkat Kecamatan Margaasih di gudang Panwaslu Kecamatan Margaasih Desa Rahayu, Ahad, 25 Pebruari 2024.

Rekapitulasi hasil Pemilu 2024 tingkat kecamatan geus lumangsung ti Salasa, 20 Pebruari 2024, dijadwalkan rèngsè Ahad, 25 Februari 2024. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x