Puluhan Imah nu Ruksak Balukar Angin Lilimbungan di Kertasari Kabupaten Bandung, Diomèan PTPN I Regional 2

- 26 Februari 2024, 19:09 WIB
Imah di Kampung Citawa, Desa Tarumajaya, Kecamatan Kertasari, Saptu, 24 Februari 2024 ruksak balukar angin lilimbungan, diomean PTPN.
Imah di Kampung Citawa, Desa Tarumajaya, Kecamatan Kertasari, Saptu, 24 Februari 2024 ruksak balukar angin lilimbungan, diomean PTPN. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Angin lilimbungan nu narajang wewengkon Kabupaten Bandung, persisna narajang Kampung Citawa, Desa Tarumajaya, Kecamatan Kertasari, Saptu, 24 Februari 2024 ngabalukarkeun sababaraha wangunan ruksak cukup parna.

Karuksakan tumiba kana 25 imah dinas nu ditempatanan ku 25 umpi, di antarana 2 unit imah dinas ngarandapan ruksak parna, sèsana ruksak entèng. Tina ieu kajadian teu aya korban jiwa jeung taya nu tatu.

Iwal ti imah dinas, musibah angin lilimbungan  ogè ngabalukarkeun karuksakan imah warga di Desa Tarumajaya, hususna imah karyawan perkebunan nu nganjrek di Unit Purbasari Kebun Sedep PT Perkebunan Nusantara I Regional 2 (d/h PTPN VIII).

Baca Juga: Nitènan Tempat Rekapitulasi Suara Pemilu nu Katarajang Angin Lilimbungan, Bupati Bandung Mastikeun Surat Suara

Kana ieu musibah manajemen PTPN I Regional 2 turun langsung tanggap darurat nu diluluguan ku Manager Kebun Sedep.

"Manajemen nganggap kedah janten prioritas recovery pasca musibah angin lilimbunhan, diutamakeun ngadangdosan wangunan tempat dumuk, " ceuk Region Head PTPN I Regional 2, Hariyanto.

Hariyanto nyebutkeun, minangka wujud tanggung jawab sosial jeung lingkungan pausahaan, Ahad (25.02/2024) manajemen PTPN I Regional 2 mèrè bantuan material bangunan ka sajumlah warga nu imahna ruksak, boh ruksak entèng boh ruksak parna.

Manager Kebun Sedep, Mulyadi sacara simbolis masrahkeun material bangunan:  kentèng, asbes, rangka kai katut material sèjènna. Pamasrahan material  dilakukeun sacara sahambal-sahambal tur luyu skala prioritas.

Mulyadi ngingetan, angin liilimbungan masih kènèh bisa kamungkinan kajadian. Ku kituna inyana amanat ka masarakat sangkan leuwih waspada dina nyanghareupan cuaca ekstrem: angin lilimbungan jeung hujan ayer-ayeran.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah