Angin Lilimbungan di Kuningan, 15 Imah Ruksak

- 24 Januari 2024, 19:28 WIB
Bangunan bengkel ruksak kasapu angin, di Desa Cinsgara, Kecamatan Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, Rebo. 24 Januari 2024
Bangunan bengkel ruksak kasapu angin, di Desa Cinsgara, Kecamatan Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, Rebo. 24 Januari 2024 /BPBD Kuningan/

GALURA-Aya 15 imah warga jeung bangunan bengkel sapedah motor  di Desa Cinagara, Kecamatan Lebakwangi, Kabupaten Kuningan, anu kasapu angin lilimbungan, Rebo, 24 Januari 2024, kira wanci tabuh 14.30 WIB.

Ceuk Kepala Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, taya korban jiwa Dina eta bencana alam.

Nurutkeun Indra Bayu, dumasar data, imah anu ruksak teh bagean luhur, kawas kenteng, asbes jeung baja ringan kaapingkeun ku angin.

 

BPBD Kabupaten Kuningan, ceuk Bayu, geus ngirimkeun 6 urang patugas dibantu aparat desa jeung kecamatan, TNI, Polri jeung masyarakat ngungkulan balukar eta kajadian.

Tacan eces, ngeunaan karugian balukar eta kajadian, lantaran patugas masih keneh ngadata.

"Samemehna hujan dibarung angin ageung, kinten-kinten ti tabuh dua sisng dugi ka sonten henteu raat," ceuk Indra Bayu.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x