Rea Tangkal Anu Runtuh, Angin Lilimbungan Narajang Daerah Tapel Wates Kuningan-Cirebon

- 10 November 2023, 07:48 WIB
Patalimarga kaganggu ku sabab rea tangkal runtuh, di lelewek Desa Legok, Kecamatan Cidahu, Kabupaten Kuningan.
Patalimarga kaganggu ku sabab rea tangkal runtuh, di lelewek Desa Legok, Kecamatan Cidahu, Kabupaten Kuningan. /DOK BPBD KUNINGAN/

GALURA-Angin lilimbungan narajang daerah lelewek Desa Legok Kecamatan Cidahu, Kabupaten Kuningan, Poe Kemis, 9 November 2023, pasosore.

Rea tangkal anu runtuh jeung rungkad, ninggang kana bangunan jeung sarana umum, kawas jalan, kabel, Jeung sarana umum sejenna.

Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun tangkal anu runtuh teh jumlahna 8 tangkal.

Baca Juga: Fikri Siswa Motekar SMK Karnas Kuningan, Nyiptakeun Inovasi Nyangray Kopi, Pinunjul di Tilu Tingkat Nasional

 

"Seueurna mah tangkal anu runtuh teh nyaeta tangkal arbise. Aya di antarana tangkal johar," ceuk Indra Bayu.


Nurutkeun Indra Bayu, taya korban jiwa tina eta kajadian. Semet ngabalukarkeun  bangunan jeung sababaraha fasilitas umum ruksak.


Di antarana wae bangunan kios, kabel penerangan Jeung kabel wifi milik telkom.

Baca Juga: 7000 PJU Rek Dibangun di Kuningan

Salian rea tangkal anu runtuh, ceuk Indra Bayu, jalan raya Cidahu-Ciledug henteu bisa diliwatan ku kandaraan boh mobil boh sapedah motor.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x