GALURA.CO.ID -Forum TBM (Taman Bacaan Masyarakat) Kabupaten Bandung Barat (KBB) disitrenan ku PW Forum TBM Jawa Barat, Kemis 22 Februari 2024, tempatna di Gedung Depot Arsip komplek Pemerintahan Kabupaten Bandung Barat (KBB). Diluuhnan ku Kepala Dinas Peprustakaan KBB Heri Partomo, S.Ip, Kepala Dinas Diskominfotik, jeung Kepala Dinas Perindag
Salian ti eta oge diluuhan ku Camat Batujajar, Camat Padalarangf, Camat Ngamprah, Dinas PMD jeung sakumna aktivis literasi nu aya di KBB. Forum TBM KBB boga karep pikeun ngaronjatkeun UMKM nu aya di KBB ku jalan ngaaktifkeun salahsahiji komponen genep literasi dasar: literasi finansial.
Literasi finansial nu jadi bahan garapan Forum TBM KBB meunang pangbagea ti Dinas Perindag katut Disarpus sangkan TBM nu aya di KBB bisa ngokolakeun TBM-na bari resiko kahirupan sapopoena bisa kacumponan. Sok komo deui bisa ngawujudna UMKM ti unggal TBM nu aya di KBB.
Baca Juga: 118 Mahasiswa Uniku Nyangking Sertifikat Profési Guru, Andika Ganendra : Sistem PPG Geus Dihadéan
Kitu nu ditepikeun ku Herdi Sardi, ketua pinilih Forum TBM Bandung Barat Periode 2024-2029 dina ngeusi sambutana sarengsena dilantik. Pikeun ngabuktikeun produk-produk anu geus dihasilkeun ku TBM, dina eta acara ngahaja disayagikeun rohangan bazar produk UMKM ti aktivis literasi KBB boh mangrupa kuliner boh cinderamata.
Kitu deui anu ditepikeun ku Ketua Forum TBM Jawa Barat Aam Siti Aminah kacida ngarasa reueusna saupama Forum TBM KBB geus boga udagan anu utama. Saheulanan tina genep literasi dasar teh aya salasahiji praktik literasi anu bakal diunggulkeun di KBB. Matak kacida sapuk pisan Disarpus mibanda yel-yel Litearsi untuk Kesejahteraan.
Nepi ka kiwari TBM anu anu aya di Jawa Barat teh lolobana TBM anu diadegkeun sacara mandiri, buku-buku nu jadi bahan pustakana lolobana ti donatur atawa koleksi pribadi. Kituna teh lantaran salila ieu masih keneh loba TBM nu can ngabogaan payung hukum.
Lamun seug tujuan Forum TBM KBB geusan ngaronjatkeun paekonomian pikeun aktivis literasi tangtu ieu tarekah anu hade. Sangkan TBM nu aya di KBM tetep nanjung salian ningkatna budaya baca warga KBB, tapi oge teu mopohokeun kana karaharjaan aktivis literasi lantaran boga sumber pangasilan.*** Rohman Gumilar