Alhafiz Saqnural Juara Nembang Pupuh Sa-Kecamatan Cilimus, Buah Tina Latihan Anu Daria

- 24 Februari 2024, 08:19 WIB
Alhafiz Saqnural
Alhafiz Saqnural /Dok Kulawarga /

GALURA- Alhafiz Saqnural, murid kelas V SDN Bandorasawétan 2 Kecamatan Cilimus, Kabupatén Kuningan, kapeto minangka Juara I Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) Cabang Lomba Nembang Pupuh Murid SD sa-Kecamatan Cilimus, Kemis, 22 Fébruari 2024.

Éta lomba téh diayakeun ku Dinas Pendidikan dan Kebudayaan (Disdikbud) Kabupatén Kuningan, Panitia Kecamatan Cilimus, pesertana murid SD nu ngawakilan sakolana séwang-séwangan.


Ceuk Cucu Setia Asih, ninina Alhafiz, geus dua kali incuna miluan tandang dina pasanggiri anu sarua, kakara taun ayeuna bisa nyangking juara I.  Saméméhna semet nyangking juara II. Éta buah tina hasil latihan anu daria.


Cucu nyebutkeun, enya dina sual ngawih mah Alhafiz téh miboga bakat. Kawas ngawih calung, degung, kacapi suling, jeung pop sunda. Tapi dina ngawih pupuh mah beunang disebutkeun anyar-anyar ieu.


Kungsi diajar ngawih pupuh di Sanggar Balébat, anu dipupuhuan ku Déwi Rachmawati, tapi teu kungsi lila. Nya dina mangsa nyanghareupan lomba, Hafiz diajar tina yutub (Youtube). Satuluyna diaping ku guruna di sakola jeung ninina di bumina.


“Alhamdulillah, tina hasil latihan anu mandiri, daria, diaping ku guru di sakola sareng sim kuring di rompok pun incu tiasa ngaronjatkeun prestasi ngawih pupuh dugika janten juara,” ceuk Cucu.


Cucu, anu miangka juru kawih anu geus moyan di Kuningan, kacida tulaténna dina ngatik incu hususna dina widang ngawih.  Sajaba ngawih, inyana ogé inyana ngawariskeun pangaweruh seni Sunda lianna. 

Teu matak héran, lamun Alhafiz bisa ngarawél prestasi dina widang ngawih pupuh téh. Sanajan, saenyana mah biasana mah ngawih laras salendro, degung jeung pop sunda. Biasa ogé jadi léngsér alit dina upacara adat mapag pangantén.***

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x