Ceuk Dikdik Harjadi, Uniku Bisa Nanjeur Koncina Rukun Gawé Rancagé

- 22 Februari 2024, 19:35 WIB
Fakultas Hukum (FH) Universitas Kuningan (Uniku) mufakat meungkeut rukun gawe reujeung FHP Law School pikeun nampa beasiswa ti lembaga kasebut.*
Fakultas Hukum (FH) Universitas Kuningan (Uniku) mufakat meungkeut rukun gawe reujeung FHP Law School pikeun nampa beasiswa ti lembaga kasebut.* /DOK UNIKU/

GALURA-Universitas Kuningan (Uniku), kiwari keur ngahangkeutkeun rukun gawé reujeung sababaraha pihak, kaasup reujeung media.

Éta salah sahiji tarékah pikeun leuwih ngamekarkeun dunya atikan di ieu paguron luhur.

Réktor Uniku, Dr. H. Dikdik Harjadi, S.E, M.Si,  nyebutkeun anu jadi konci suksés dina mekarkeun atikan di Uniku téh rukun gawé anu rancagé.

Salasahijina nyaéta média anu geus jadi cukang lantaran Uniku bisa dipiwanoh boh ku masarakat Kabupatén Kuningan boh luar daérah.


“Sadaya parantos mafhum, Uniku pamohalan tiasa majeng ku gawé sosoranganan. Tangtos kedah dibarung ku rukun gawé sasarengan,” ceuk Dikdik, basa acara Gathering Media, di Imah Amih Resto, lelewek Kramatmulya, Poé Kemis, 22 Februari 2024.

Ku sabab kitu, ceuk Dikdik, anu harita dijejeran ku Wakil Rektor IV Uniku, Dr. Haris Budiman, S.H., M.H., Ketua Pengurus Yayasan Pendidikan Adipati Kuningan, Drs. H. Uri Syam, S.H., rukun gawé téh penting pikeun ngamajaukeun atikan di Uniku luyu reujeung pancén gawéna séwang-séwangan.

Hal anu sarua, dikedalkeun ku Ketua Pengurus (YPSAK), Uri Syam yén média massa geus aub  dina ngarojong kalumangsungan atikan di Uniku.

“Media tangtos parantos aub dina ngajaulkeun Universitas Kuningan, ngaliwatan berita-berita pikeun dipikanyaho ku masarakat ngeunaan mekarna atikan,” ceuk Uri.

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x