Mapag Hari Hari Raya Idul Fitri, Lapas Kelas IIB Majalengka Gelar Razia Operasi Gabungan

- 6 April 2024, 12:04 WIB
Operasi razia gabungan di Lapas Kelas II B Kabupaten Majalengka (05/05/2024).
Operasi razia gabungan di Lapas Kelas II B Kabupaten Majalengka (05/05/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga ngaronjatkeun kaamanan jeung katartiban ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri 1445 Hijriah, Lapas Kelas IIB Majalengka bareng TNI-POLRI ngalaksanakeun kagiatan operasi gabungan razia jeung acara buka puasa bersama.

Tempatna di Lapas Kelas IIB Kabupaten Majalengka, Jalan KH Abdul Halim Kelurahan Majalengka Wetan, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Jumaah (5/4/2024).

Kagiatan operasi gabungan razia  ngalibetkeun  personel Kodim 0617/Majalengka, personel samapta Polres Majalengka katut petugas lapas Kelas IIB Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Kamar Napi Lapas Kelas IIB Majalengka Dirajia Patugas Gabungan

Razia mariksaan kamar hunian katut blok di lingkungan Lapas, sarta pikeun mastikeun euweuh barang nu dilarang  asup ka jero Lapas.

Kalapas Kelas IIB Kabupaten Majalengka Wawan Irawan, A.Md, IP., S.H., M.H, nyebutkeun operasi gabungan razia teh kagiatan rutin anu dilaksanakeun ngabageakeun hari besar kaagamaan.

Inyana nyebutkeun tujuan tina razia teh keur nyiptakeun suasana anu aman tur kondusif di Lapas, anu utama ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri.

“Simkuring ngapresiasi anu saageung-ageuna sareng ngahatur nuhunkeun ka personel Kodim 0617/Majalengka, personel samapta Polres Majalengka jeung sakumna jajaran Lapas Majalengka, anu tos ngagelar razia  kalayan hade," ceuk Wawan.

Baca Juga: Warga Ngadeugdeug Bazar Murah Kodim 0617/Majalengka Ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri 1445 H

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x