Kamar Napi Lapas Kelas IIB Majalengka Dirajia Patugas Gabungan

- 6 April 2024, 10:27 WIB
Baran-barang nu disita di lapas Majalengka, hasil rajia Jumaah (05/04/2024).
Baran-barang nu disita di lapas Majalengka, hasil rajia Jumaah (05/04/2024). /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Kamar hunian warga binaan Lapas Kelas IIB Majalengka dirajia ku petugas gabungan. Udaganana keur ngajaga kondusifitas lingkungan lapas mapag lebaran.

Tina hasil razia, patugas ngamankeun sajumlah barang bahaya. Peso cutter, alat cukur nepi ka korek gas ditimukeun di jero kamer warga binaan.

"Sababaraha barang hasil razia di antawisna, tali hiji, korek gas aya dalapan, alat cukur jenggot dalapan, kaca hiji, botol kaca, paku, awi, peso cutter, sendok, kaleng kueh, gunting kuku, kabel, kipas listrik, magnet, katut ali beusi," ceuk Kalapas Kelas IIB Majalengka Wawan Irawan, Jumaah (05/04/2024) sore.

Barang-barang anu disita teh anu dilarang aya di jero kamer warga binaan. Wawan ngaku teu apaleun ayana eta barang.

"Tiasa oge aya oknum anu ngalebetkeun. Simkuring ngaraos ieu mung talobeh, margi biasana dilebetkeun ngalangkungan kunjungan sapertos biasana," ceuk Kalapas Majalengka Wawan Irawan.

"Muhun (kalebet peso cutter), biasana anu dicandak di rohangan panginten, biasana aya di rohangan biasa kanggo (motong) kertas-kertas, biasana aya napi anu diperbantoskeun oge," ceuk Wawan.

Hsil rajia bieu, ceuk Wawan, bakal langsung didata sarta bakal dimusnahkeun. "Ieu bakal didata lebet buku laporan penggeledahan oge saterasna dilebetkeun kana buku pemusnahan, salajengna diaksanakeun pemusnahan," ceuk Wawan.

Kalapas Majalengka nyebutkeun, barang-barang anu dirazia  teu pati ngabahayakeu keur kaperluan sapopoe. Ngan bisa ngabahayakeun mun disalahgunakeun.

"Panginten eta hasil samentawis hasil razia Lapas Kabupaten Majalengka. Alhamdulilah teu aya barang-barang anu kawilang ngabahayakeun,," ceuk Wawan.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x