Dina Halalbihalal Pemda Bandung Bupati Ngapresiasi 98,2 Persen ASN Ngantor Satutas Perè Lebaran

- 16 April 2024, 14:42 WIB
Ustad Maulana jeung Bupati Bandung, Dadang Supriatna dina halabihalal di Pemda Kabupaten Bandung (16/04/2024).
Ustad Maulana jeung Bupati Bandung, Dadang Supriatna dina halabihalal di Pemda Kabupaten Bandung (16/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, mitembeyan asup gawè satutas perè lebaran. Bupati ngaluuhan Halalbihalal Idul Fitri 1445 H di Bale Rame Soreang, Salasa, 16 April 2024.

Ceuk Dadang Supriatna, halalbihalal teh runtuyan ngareuah-reuah milangkala ka-383 Kabupaten Bandung.

Halal bihalal diluuhan ku rèngrèngan Muspida Kabupaten Bandung, DPRD Kabupaten Bandung, pimpinan partey politik, ormas, katut rewuan ASN.

Baca Juga: Sahrul Gunawan rek Dicalonkeun Bupati Bandung, Elektabilitasna Hade, Dadang Supriatna Kumaha?

Harita, Bupati ngapresiasi ka ASN Pemkab Bandung nu miluan apel munggaran asup gawè satutas lebaran. Anu miluan apel aya kana 98,2 persen. Apel digelar samèmèh halalbihalal.

"Sanaos Menteri Pemberdayaan Negara ngahempekeun ASN work from home (WFH) kaping 16 sareng 17 April, tapi alhamdulillah ASN di lingkungan Pemkab Bandung tiasa darongkap kana halalbihalal dina kaayaan sehat walafiat," ceuk Dadang Supriatna.

Dina halalalbihalal nu dieusi ku tausyiah ti Ustaz Maulana  Dadang Supriatna sasadu bari ngawilujengkeun Idul Fitri.

"Kalayan asma pribadi, kulawargi, sareng Pemkab Bandung, simkuring neda dihapunten. Wilujeng Boboran Saim, 1 Syawal 1445 Hijriyah," ceuk Dadang Supriatna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x