Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung Mecat PK, Kieu Kamandang WK Bidang Hukum Nana Suhana

- 9 April 2024, 12:16 WIB
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto.
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID- Diparecatna 17 Pimpinan Kecamatan (PK) jeung sajumlah pangurus DPD Golkar Kabupaten Bandung ku Ketua DPD Golkar, Sugianto ngabalukarkeun kuciwana sajumlah Ketua PK.

Ku ieu tindakan Ketua DPD, sababaraha ketua PK dipecat nuding Sugianto murang-maring alatan teu kapilih jadi anggota DPRD Provinsi Jawa Barat dina Pemilu kamari.

Wakil Ketua Bidang Hukum DPD Golkar Kabupaten Bandung, Dr (Can) Nana Suhana, SH., S.Sos, M Kn. kaasup pangurus nu dieureunkeun.

Baca Juga: Dituding Murang-Maring Pedah Gagal Nyaleg, Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung Mecatan Pimpinan Kacamatan

Tapi, ceuk Nana lamun tindakan Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung  disebut murang-maring atawa ngalampiaskeun kakuciwaan jeung kajèngkèlan sabab gagal nyaleg, inyana anggap ukur narasi opini ti para Ketua PK nu kuciwa.

Nana teu balaka nyebutkeun tindakan Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung salah, tapi leuwih pas disebut politis, lain hukum. Ngan, Nana miharep tindakan Ketua DPD Golkar  Kabupaten Bandung dipaluruh kumaha-kumahana.

"Numutkeun simkuring, luyu instruksi  Golkar Pusat tanggal 18 Maret 2024 supados sakumna elemen teu paburencay. Solid mayunan Pilkada. Nu kadua,  evaluasi ka PK sareng pangurus kedah dilaksanakeun luyu jeung mekanisme katut tahapan- tahapan nu diatur dina AD/ART, PO, Juknis sareng Juklak Partai Golkar, " ceuk Nana Dina telepon selulerna, Salasa, 9 April 2024.

Nana nepikeun kamandang. Kahiji: konsolidasi sakum elemen potensial pangurus jeung 31 PK. Tuluy ngalakukeun panitènan, peninjauan ulang putusan politik kana Plt PK, jeung konsentrasi nyanghareupan Pilkada ka hareup kalawan maksimalkeun sakabèh potensi Golkar Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x