Dudy Pamuji, Nyongcolang Batan Caleg Partéy Golkar Séjén di Dapil XIII Jabar

- 28 Februari 2024, 20:15 WIB
Real Count Partey Golkar Dapil XIII Jabar
Real Count Partey Golkar Dapil XIII Jabar /Partey Golkar /

GALURA-Calon legislatif (Caleg) DPRD Jabar H Dudy Pamuji nyongcolang batan caleg séjénna hususna anu sarua di partey Golkar jeung ti Kuningan, kawas Hanyen Tenggono.

Dumasar itungan gancang (réalcount), Dudy meunang 60.725 sora. Leuwih punjul batan Hanyen Tenggono, anu meunang 31.346 sora.

Sajaba Dudy jeung Hanyen, aya 3 caleg ti partéy Golkar anu ngahontal sora punjul nyaéta Rizki Akbar 17.496 sora.

Satuluyna, Bambang Haryono 11.300 sora jeung Titin Sumartini 10.093 suara.

Basa dipapaykeun ka jinisna, Rebo, 28 Februari 2024, Dudy Pamuji nu mangrupakeun incumbent téh teu nyarita kapapanjangan.

"Urang ngantos waé hasil rapat pléno KPU,' muga-muga hasilna luyu harepan"' pokna.

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x