Runtuyan Acara Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, Masarakat Ukur Lalajo?

- 17 April 2024, 17:26 WIB
Mieling milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, warga ukur bisa lalajo.
Mieling milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, warga ukur bisa lalajo. /Sopandi/galura.co.id

"Upacara Peringatan Hari Jadi Kabupaten Bandung ka-383 dipusatkeun di Lapangan Upakarti, Kompleks Pemkab Bandung,  Saptu 20 April 2024, makè pakèan baju adat Sunda," ceuk Sekda.

Iwal ti kitu, Pemkab Bandung ogè ngayakeun sababaraha agenda kagiatan tambahan nu masih  runtuyan milangkala ka-383 Kabupaten Bandung. Agenda-agendana nembrak keur masrakat Kabupaten Bandung.

Kgiatan tambahan ceuk Sekda dimimitian ku Halalbihalal nu dieusi ku ceramah ti Ustadz Maulana, Salasa, 16 April 2024. Dina poè Kemis, 18 April 2024 digelar pertandingan eksebisi sepakbola di Stadion Si Jalak Harupat antara Forkopimda vs Para Kepala OPD.

Dina tanggal 19 April 2024, masarakat umum bisa aub kana Senam Bedas bareng Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Bunda Bedas Emma Dety mimiti tabuh 07.00 isuk-isuk di Lapang Upakarti, dituluykeun ku Fun Bike nu dimimitian tabuh 08.00 di Plaza Upakarti.

Baca Juga: Dua Tempat Jadwal Manggung Khanha Satutas Lebaran, nu hijina 4 Generasi Dalang

Satutas miangkeun pamilon Fun Bike, Dadang Supriatna diagendakeun muka kagiatan Festival Kreativitas Bandung Bedas nu dieusi ku Job Fair, pameran jeung nu sèjènna di Areal Parkir Gedung Budaya Soreang tabuh 08.30 jeung muka Gebyar Sidang Isbat Nikah Terpadu tabuh 13.00 di Gedung Moh Toha.

Dina poè Saptu, 20 April 2024 ogè aya Traditional Archery jeung Olahraga Tradisional di Dome Bale Rame mimiti tabuh 08.00 tepi ka rèngsè.

Masarakat Kabupaten Bandung ogè bisa nyaksian Karnaval Budaya Bedas nu baris nampilkeun saniskara pintonan atraksi kasenian di Jalan Al Fathu Soreang poè Ahad, 21 April 2024 ti tabuh 07.30 tepi ka rèngsè.

Keur para nonoman aya kaagiatan  pertandingan e-sport jeung Bazaar Olahan lauk di Lapang Upakarti jeung Traditional Archery di Dome Bale Rame.

Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung dipungkas Ahad peuting ku kagiatan Closing Bedas Ekspo jeung Panggung Hiburan nu mintonkeun parai artis ngahibur masarakat.*** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah