Rayat keur Ngoceak ku Harga Beas, Kepala Desa jeung Lurah di Majalengka Dibagi Motor Inventaris Yamaha NMX

- 29 Februari 2024, 05:30 WIB
Camat Sindangwangi Kabupaten Majalengka (katilu ti kenca, nangtung) dipoto bareng jeung para kapaladesa sakacamatan Sindangwangi; nampa motor Yamaha NMX nu kudu digunakeun keur kapentingan masarakat.
Camat Sindangwangi Kabupaten Majalengka (katilu ti kenca, nangtung) dipoto bareng jeung para kapaladesa sakacamatan Sindangwangi; nampa motor Yamaha NMX nu kudu digunakeun keur kapentingan masarakat. /galura.co.id/

GALURA.CO.ID -Pamarentah Kabupaten Majalengka ngagolontorkeun anggaran nu gedena Rp11 milyar keur meli motor Yamaha NMX nu jumlahna 342 unit keur pakeun ka parakapala desa jeung kepala kalurahan. Eta motor dibagikeun, Senen 26 Februari 2024).

Pj Bupati Majalengka, Dr.H.Dedi Supandi, M,Si nu gede kamungkinan dina Pilkada November 2024 bakal ngandidat jadi calon bupati Majalengka, nyebutkeun parakepala desa jeung lurah meunang motor inventaris Yamaha NMX teh keur ngagancangkeun aksebilitasi, transportasi, jeung komunikasi.

Dina hal ieu, Yamaha NMX bisa ngagampangkeun hubungan kapala desa, kalurahan, jeung sababaraha intansi vertikal kaasup kacamatan jeung anu liana. Anu ka duana tambah Dedi, ieu motor mampu ngaronjatkeun pangladen publik.

Baca Juga: Satgas TMMD Ke-119 Kodim 0617/Majalengka jeung Warga Gotong Royong Ngarenovasi Madrasah  

“Motor bantuan gubernur taun 2012 geus katinggaleun,eleh ku motor oprasional Babinsa, jadi kagiatan nu dilakukeun kepala desa ulah kapiheulaan ku Babinsa,” pokna.

Dipakena motor inventaris, ceuk Dedi, bisa dipocongok ku masarakat. Ku konsep digitalisasi naon-naon anu aya dimasarakat bisa dilaporkeun ka bupati make media social. Jadi bakal kanyahoeun motor teh naha dipake keur ngaladenan masarakat atawa henteu.

Kepala desa jeung lurah meunang inventaris Yamaha NMX, aya pameulina, kudu ayana timbal balikna: sumanget gawe nu rancage, kuwu jeung lurah kudu bisa ngaronjatkeun panghasilan pamarentah daerah. Upamana ngaronjatkeun PBB kalayan teu aya tunggakan tur gancang lunas.

Dedi nyebutkeun pamarentah daerah ngalaksanakeun 3 konsep: kolaborasi, inovatip, desentralisasi, kolaborasi. Inovatif, ceuk Dedi, kuwu jeung lurah sing bisa nyiptakeun ti nu pagawean lila bisa gancang rengse tur rapih.

Ari desentrasisasi, pamarentah Kabupaten Majalengka babagi porsi antara anggaran daerah provinsi jeung pusat saperti ngawangun rumah tidak layak huni (rutilahu). Anggaran ti kabupaten rek dipasrahkeun ka kacamatan. Anggaran ti provinsi jeung ti pamarentah pusat mah dicekel ku dinas.*** Tang, Didi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x