Bhabinkamtibmas Polsek Majalengka Kota Aub di Kagiatan Upacara Adat Babarit di Desa Sidamukti

- 28 Februari 2024, 15:59 WIB
Bhabinkamtibmas Polsek Majalengka Kota  Aub di Kagiatan Upacara Adat Babarit di Desa Sidamukti Rebo (28/02/2024).
Bhabinkamtibmas Polsek Majalengka Kota Aub di Kagiatan Upacara Adat Babarit di Desa Sidamukti Rebo (28/02/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Babarit teh hiji ritual syukuran atawa hajat bumi anu dilaksanakeun tanda syukur tina beubeunangan hasil tatanen. Prosesina dilaksanakeun dina poe, bulan jeung tempat anu sarua satiap taun.

Bripka Agus Gusmayadi, anggota Bhabinkamtibmas Polsek Majalengka Kota Polres Majalengka Polda Jabar, partisipasi dina kagiatan upacara adat babarit anu dilaksanakeun di Desa Sidamukti, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Rebo (28/02/2024).

Ngaluuhanana Bripka Agus dina upacara adat Babarit nembongkeun komitmen Polsek Majalengka Kota dina ngarojong tur ngaraketkeun hubungan jeung masarakat.

Baca Juga: Polres Majalengka Gelar Rekonstruksi Rajapati di Hareupeun Pakarangan SD Negeri Simpeureum II

Lian eta, Bripka Agus Gusmayadi bukti aubna Polsek Majalengka Kota dina ngaapresiasi warisan budaya lokal. Ku ayana partisipasi dina kagiatan adat, dipiharep hubungan antara kapulisian jeung masarakat leuwih raket tur harmonis.

"Partisipasi pulisi dina upacara adat buktos tina komitmen Polsek Majalengka Kota kangge ngarojong tur ngamumule kaarifan lokal. Dipiharep ngaraketkeun kakaluargaan sareng masarakat oge aub sauyunan dina ngajagi tradisi oge budaya nu aya di Desa Sidamukti," ceuk Bripka Agus Gusmayadi.

Disebutkeun Bripka Agus, upacara adat Babarit teh tradisi khas anu dilaksanakeun di sababaraha daerah di Indonesia, kaasup di Desa Sidamukti, Majalengka. Tujuanna keur mihormat karuhun jeung bukti gotong royong jeung sabilulunganana masarakat.

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ditepikeun ku Kapolsek Majalengka Kota, AKP Iwan Sutari, S.IP., M.AP., mapag hade kaguyuban Bripka Agus dina kagiatan upacara adat Babarit.

"Ieu lengkah positif. Dipiharep ku ayana kagiatan sapertos ieu tiasa teras dironjatkeun kangge nyiptakeun hubungan anu harmonis antawis pulisi katut warga," ceuk Kapolsek Iwan Sutari.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x