Disdik Majalengka Ngaprioritaskeun Ngomean Rohang Kelas SDN 2 Sidamukti anu Rugrug, Dipariksa ku Pulisi

- 26 Februari 2024, 20:16 WIB
Kepala Disdik Kabupaten Majalengka, Lilis Yuliasih, bangunan SD nu jadi tanggung jawabna rugrug.
Kepala Disdik Kabupaten Majalengka, Lilis Yuliasih, bangunan SD nu jadi tanggung jawabna rugrug. /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Saperti diwartakeun dina galura.co.id, rohangan kelas, dua, SDN 2 Sidamukti, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka ujug-ujug rugrug, kira-kira jam 10.00 WIB, Senen (19/02/2024). Anu rugrug teh rohangan kelas jeung perpustakaan.

Ku ayana bangunan SDN 2 Sidamukti nu anyar keneu direhab, make rangka baja ringan, rugrug, Dinas Pendidikan Majalengka, henteu cicingan. Pihakbna ngaprioritaskeun ngahadean rohang kelas SDN 2 Sidamukti anu rugrug.

“Rohang kelas anu rugrug, di SD Negeri 2 Sidamukti, dina taun 2024 ayeuna bakal diprioritaskeun dimeanana,” ceuk Kepala Disdik Kabupaten Majalengka Lilis Yuliasih. Lilis netelakeun ngomeanana bakal sagancangna dilaksanakeun, sangkan dua rohang kelas bisa digunakeun deui.

Baca Juga: Anyar Keneh Direhab SDN 2 Sidamukti Kabupaten Majalengka Rurug, Guru Tiluan Jadi Korban

Waragadna ceuk Lilis, nyokot tina Dana Alokasi Khusus (DAK) jeung Anggaran Pendapatan Belanja Daerah (APBD) Kabupaten Majalengka. Ku kituna bisa sagancangna dilaksanakeun.

Kadisdik oge ngirim surat edaran supaya rohang kelas nu kondisina pikamelangeun henteu dipake pikeun nyinglar hal-hal nu teu dipiharep. Lilis mastikeun satiap taunna Disdik ngadata ngeunaan kondisi rohang kelas ruksak keur diomean sangkan ngajamin siswa bisa diajar kalayan aman.

Kasat Reskrim Polres Majalengka AKP Tito Witular nyebutkeun pihakna keur neuleuman rugrugna dua rohangan kelas SDN 2 Sidamukti. Pihakna geus ngalaksanakeun olah tempat kejadian perkara (TKP), keur mastikeun naon nu ngalantarankeun rugrugna dua rohaang kelas SDN 2 Sidamukti.

“Tim ti kapulisian masih neuleuman kasusna,” ceuk Tito. Ditepikeun Tito tina laporan, insiden kajadian kira-kira jam 10.00 WIB dina waktu jam istirahat. Dipastikeun sakumna siswa salamet.

“Murid teu aya anu janten korban, margi kajantenana waktos jam istirahat,” ceuk Tito.

Informasi ti BPBD Kabupaten Majalengka, dua urang guru jeung saurang mahasiswa anu keur praktek kerja lapangan (PKL) jadi korban. Tiluanana tatu katinggang material bangunan. Tiluanana angsung dibawa ka RSUD Majalengka.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x