Anyar Keneh Direhab SDN 2 Sidamukti Kabupaten Majalengka Rurug, Guru Tiluan Jadi Korban

- 23 Februari 2024, 09:23 WIB
Dua ruangan kelas SDN 2 SIdamukti Kabupaten Majalengka rugrug, padahal anyar keneh direhab.
Dua ruangan kelas SDN 2 SIdamukti Kabupaten Majalengka rugrug, padahal anyar keneh direhab. /

GALURA.CO.ID -SDN 2 Sidamukti Desa Sidamukti, Kacamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Senen jam 10.30 WIB (19/02/2024) rugrug. Anu rugrug teh 2 lokal ruangan kelas jeung ruangan perpustakaan.

Aman salasaurang warga nyebutkeun rugrugna SDN 2 Sidamukti teh teu disangka-sangka lantaran teu aya angin teu aya hujan. Untungna siswa kelas dua geus di luar. Anu aya di ruang kelas mah guru tiluan anu jadi korban.

“Guru nu janten korban teh: Pa Nana, Pa Entuy, sareng Bu Sifa. Tiluanana dirawat di rumah sakit Majalengka. Pa Nana sareng Bu Sifa tatuna di bagean sirah, ari Pa Entuy soak nepikeun teu walakaya siga kapuk kaibunan,” ceuk Aman.

Baca Juga: Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

Bangunan SDN 2 Sidamukti taun 2012 direhab make kontruksi rangka baja ringan. Kentengna make kenteng palentong glasir. “Padahal anu dipikahariwang teh rohangan kelas nu kontruksina make kai, geus barobo, tapi anu rugrug kalah ka ruangan kelas nu make baja ringan,” ceuk Karnaen, nu kungsi mupuhuan SDN 2 Sidamukti.

Ceuk urang Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, taun 2024 ayeuna SDN 2 Sidamukti rek direhab total, kaasup rohangan kelas nu konstruksina baja ringan.

Sesa wangunan nu ambruk diturunkeun ku tim BPBD Kabupaten Majalengka dibantuan ku masarakat satempat. Sanenggana kajadian tim ti kacamatan, Danramil, Polres milu mantuan memeres material.

Ku ayana rongan kelas nu rugrug, barudak diajarna jadi kaganggu. Malah mah siswa jeung guru hariwangeun bangunan sakolana aya nu rugrug deui. Anu matak dina ngabangun pasilitas umum teh kudu kawas jaman colonial Walanda: kudu hade bestekna tepi ka kuat tepi ka ratusan taun.*** Didi, Tang

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x