Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

- 26 Januari 2023, 15:30 WIB
Ilustrasi nu jarah ka Marongge, Sumedang/kabar-priangan.com
Ilustrasi nu jarah ka Marongge, Sumedang/kabar-priangan.com /

Salakina (PNS di Pemkab Majalengka), cenah, anyar keneh pisan kaperego boga kabogoh deui.  Neneng hayang, salakina insyaf jeung ulah kateterusan bobogohanna.

Beda jeung Tumi atawa Neneng, kahayang Rudi (24) nu anyar keneh pisan lulus kuliah di hiji paguron luhur di Bandung mah aya patalina jeung pagawean.

Baca Juga: Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan

Manehna hayang gancang meunang gawe. Kabeneran manehna rek daftar ka hiji BUMN di Jakarta nu pareng keur muka lowongan gawe.

“Manawi we, Kang, kabiruyungan sapertos nu sanes,” cek Rudi.

Rudi netelakeun, babaturanna nu ayeuna geus boga gawe nyebutkeun yen dina hiji waktu kungsi jarah ka Marongge sarta ngeueum di walungan Cilutung sagala. Rudi miharep maneh bisa cara sobatna tea. Gancang boga pagawean.

Baca Juga: Hikmah Pandemi, Doel Sumbang leuwih Getol Nyanggi Lagu Anyar

Beda jeung maranehna, aya oge nu datang ka Marongge pikeun "neangan" angka togel. Eta teh cara anu diaku ku Pardi, urang Bandung.

"Manawi we abdi kenging impian nomer togel," pokna bari semu nu era. Kituna teh bari ngaku yen manehna datang ka dinya teu nyorangan, tapi aya lima urangna, kalawan tujuan nu sarua.

Pardi ngebrehkeun, manehna jeung nu sejenna rek meuting di Marongge. Basana mah, moal mulang mun can meunang impian nomer, hehe.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x