GALURA -Di Kampung Cibangban, Desa Bunter, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis loba titinggal sejarah, di antarana patilasan Eyang Dalem Arya Kancana. Gede kamungkinan ngaruju ka Prabu Niskala Wastu Kancana.
Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana, kencaeun jalan kabupaten nu nepungkeun Gardu (Kawali)– Cisaga (Banjar) mun holna ti kaler mah, ayana di ponclot pasir, di sisi jalan aya gapuraan.
Jalan nu ngajugjug ka patilasan Eyang Dalem Arya Kancana nanjakna netek, ditangga-tangga, aya kana 60 tangga. Tadina mah ukur dibatu. Ku pokalna Yadi Haryadi, kepala dusun Cibangban, tanggana ditembok.
Baca Juga: Prasasti Geger Hanjuang Cenah mah Meunang Nyieun KF Holle
Darto Pujarsono, kuncen, nyebutkeun patilasan Eyang Dalem Arya Kancana disebut oge Arya Suryakancana. Di patilasanana nu legana sagemblengna dua hektaran, aya tilu makam.
Nu pangluhurna mah hiji, makam Eyang Dalem Arya Kancana, dua deui rada handap makam pangiringna nu teu dipiwanoh ngaranna.
Saha ari Eyang Dalem Arya Kancana teh? “Anjeunna saur sakaol mah kawitna ti Solo, ti Mataram, dongkap ka dieu nyebarkeun agama Islam,” ceuk Darto Pujarsono nu dilandi Abah Ujul.
Baca Juga: Wangsit Siliwangi
Eyang Dalem Arya Kancana teh pajabat di Pulo Jawa nu gede pangaruhna nu ngahaja dikirim ka wewengkon Cibangban.