Awi, ti Mimiti Parabot Dapur, Wawadahan Tepi ka Bahan Bangunan

- 26 Januari 2023, 09:00 WIB
Saurang warga keur ngilikan awi tuareun, keur nyieun wawadahan.*
Saurang warga keur ngilikan awi tuareun, keur nyieun wawadahan.* /

GALURA -Awalna awi teu bisa dipisahkeun jeung urang Sunda. Imah lolobana dijieun tina awi, ti mimiti tihang, bilik, usuk, ereng tepi ka lantena: palupuh, malah ditalianana oge ku tali nu dijieun tina awi. Kajaba hateupna nu lain tina awi teh.

Keur wewengkon pagunungan kawas di Tatar Sunda nu hawana tiris, bahan-bahan keur nyieun imah tina awi teh gede pisan mangpaatna. Sipat awi: mun keur panas ngaluarkeun hawa tiis, sabaliknan mun keur tiis ngaluarkeun hawa panas.

Di Sunda lain ukur imah nu bahan-bahanna tina awi teh. Geura wae parabot dapur oge lolobana mah tina awi. Aseupan, boboko, ayakan, lodong (paranti ngala cai jeung nyadap), posong, buwu, dingkul, gebog, rinjing, karamba, jeung sajabana.

Ukur parabot dapur nu keuna langsung kana seuneu nu lain dijieun tina awi teh. Eta mah dijieunna tina tambaga (langseng) jeung taneuh (upamana delok).

Baca Juga: Jawa Barat teh Geuninganan Provinsi Waduk

Anu parigel dina ngaropea awi tepi ka jadi parabot di unggal wewengkon aya. Upamana di Ciamis di Kecamatan Rajadesa, di Garut di Selaawi Limbangan, loba nu mibanda profesi kana anyam-anyaman.

Bentuk jeung corak anyamanana beda, mibanda ciri hasna sewang-sewangan. Produksina teh ngambah ka luar daerah.

Ti Rajadesa ngambah ka wewengkon Bogor jeung sajabana, diiderkeun ku bandar nu meulian ti tukang nyieunna. Tepi ka ayeuna kitu teh, hasil kaparigelan urang Rajadesa tara tepi ka ngembrek.

Najan masih keneh payu, di Kecamatan Rajadesa beuki dieu beuki arang nu daekkeun kana usaha anyam-anyaman. Beubeunanganana dianggap teu nyugemakeun, teu bisa nyumponan pangabutuh sapopoe.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x