Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan

- 26 Januari 2023, 10:00 WIB
Warag Rajadesa Kabupaten Ciamis tepi ka ayeuna masih nyieunan wawadahan tina anyaman. Barang dijieun tina anyaman awi, hoe, jeung pandan runtahna moal matak keumeuh lingkungan (Nanang S).
Warag Rajadesa Kabupaten Ciamis tepi ka ayeuna masih nyieunan wawadahan tina anyaman. Barang dijieun tina anyaman awi, hoe, jeung pandan runtahna moal matak keumeuh lingkungan (Nanang S). /

GALURA -Saméméh mahabu wadah tina plastik jeung tina stropon anu sok dipaké wadah kadaharan teh anyaman awi atawa anyaman hoe.

Barang anyaman awi atawa anyaman hoe teh kayaning pipiti, bésék, piring tina anyaman, sarupaning anyaman tina nyéré, awi, hoé jeung pandan. Euweuh nu dijieun tina plastik atawa stropon.

Nu matak baheula mah taya runtah urut wadah nu dijieun tina plastik jeung stropon. Wadah tina anyaman awi jeung anyaman hoe mah dina ruksak oge heg dipiceun moal matak ngaruksak lingkungan lantaran kaasup runtah organik.

Baca Juga: Putri Anjungsari (8)

Nganyam jeung Milih Awi
Kecap nganyam asalna tina anyam, wujud hiji barang anu dijieuna tina nyéré, awi, pandan, jeung hoé, anu meunang ngahua atawa meunang nyébétan, atawa diraut kawas maud.

Hasilna tina ngahua diréndonkeun dipaselupkeun, kawas nyieun bilik. Hasil barang anyaman contona hihid, nyiru, boboko, aseupan, tolombong, ayakan jeung sajaba ti éta. Bahanna tina daun kawung, daun kalapa, nyéré, awi, pandan, jeung hoé.

Karajinan anyaman diluyukeun jeung kabutuh kahirupan sapopoé, keur popolah, jeung keur wawadahan. Dina kamus Sunda-Belanda (Coolsma 1913) disebutna teh anyam cayut, wawadahan tina anyaman daun gebang.

Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK) mah anyam cayut téh kagolongkeun kana rupa (motif) lawon, lain anyaman tina awi atawa hoé.

Baca Juga: Seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Baheulana Dibawa ku Kukurung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x