Dewan Pendidikan Dikukuhkeun, Dadang Miharep Mutu Atikan di Kabupaten Bandung Ngaronjat

- 25 Januari 2023, 21:34 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngabageakeun Dewan Pendidikan Kabupaten Bandung. *
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngabageakeun Dewan Pendidikan Kabupaten Bandung. * /SOPANDI/


 

GALURA- Bupati Bandung,  Dadang Supriatna, ngukuhkeun Dewan Pendidikan Kabupaten Bandung, di Gedong Mochamad Toha, Soreang, Kabupaten Bandung, Rebo (25/1/2023).

"Simkuring miharep  dewan pendidikan tiasa nagronjatkeun mutu atikan," ceuk Dadang.

Dadang nyebutkeun,  mutu pendidikan di Kabupaten Bandung kiwari tacan kahontal sagemblen sakumaha nu dipiharep.

Baca Juga: 840 PPS Dilantik jeung Disumpah, Ketua KPU Kabupaten Bandung: Siap Ngalaksanakeun Pemilu

Eta patali reujeung  sababaraha hal, di antarana sarana jeung prasarana nu tacan  optimal.

Sajaba ti kitu,   masih kénéh aya kolot nu henteu pati engeuh kana pentingna atikan di sakola

Dadang mere gambaran, tina  angka harepan lila sakola 12,7 taun jeung rata-rata lila sakola Kabupaten Bandung 9,07 taun.

Baca Juga: KPU Kabupaten Bandung: Pileg 2024 Kabupaten Bandung Masih Marebutkeun 55 Korsi

Pikeun ngungkulan hal anu raket patalina reujeung mekarkeun atikan, ceuk Dadang,    Pemkab Bandung nanjeurkeun misi kadua, mere palayanan  pendidikan jeung kasehatan nu hade tur walatra.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x