Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

26 Januari 2023, 15:30 WIB
Ilustrasi nu jarah ka Marongge, Sumedang/kabar-priangan.com /

GALURA -  Dua wanoja nu ditaksir umur 25 taunan teh gura-giru muru ka Walungan Cilutung di Desa Marongge.

Walungan Cilutung teh perenahna aya dilebakeun Makam Karamat Marongge, di Desa Marongge, Kacamatan Tomo, Sumedang.

Maksud dua wanoja ka eta walungan di Marongge nyaeta rek ngeueum, ngalokonan “ritual”  husus keur nu hayang melet atawa dipikaresep ku sasama utamana lawan jenis.

Baca Juga: Magrib Mengaji Shalat Berjamaah Solusina, Bupati Ciamis: Masjid Agreng, Tapi nu Solat Barjamaah Corengcang

Lain ngan ukur dua wajona nu pakeanna moronyoy wungkul nu harita gura-giru muru walungan teh.

Aya oge nu sejenna, kaasup sawatara lalaki. Maranehna, lain wae anu kasebut rumaja, tapi aya oge nu katingali geus alumuran.

“Ngeueum di dieu teh aya nu diudag. Abdi miharep, nu dipikahoyong, hiji pangusaha di Bandung, nyaaheun sareng ngajakan nikah. Abdi alim mung janten rencang amengna wungkul,” cek Tumi.

Tumi (lain ngaran sabanerna) teh, salahsahiji wanoja nu harita make t-shirt jeung calana jeans nyitak imbit. Kituna teh bari seuri.

Baca Juga: Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban Desa Bunter Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

“Pami abdi mah hoyong caroge abdi teu kabandang deui ku istri sanes. Abdi hoyong caroge ukur keur abdi,” cek Neneng (51) nu ngakuna urang Majalengka.

Salakina (PNS di Pemkab Majalengka), cenah, anyar keneh pisan kaperego boga kabogoh deui.  Neneng hayang, salakina insyaf jeung ulah kateterusan bobogohanna.

Beda jeung Tumi atawa Neneng, kahayang Rudi (24) nu anyar keneh pisan lulus kuliah di hiji paguron luhur di Bandung mah aya patalina jeung pagawean.

Baca Juga: Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan

Manehna hayang gancang meunang gawe. Kabeneran manehna rek daftar ka hiji BUMN di Jakarta nu pareng keur muka lowongan gawe.

“Manawi we, Kang, kabiruyungan sapertos nu sanes,” cek Rudi.

Rudi netelakeun, babaturanna nu ayeuna geus boga gawe nyebutkeun yen dina hiji waktu kungsi jarah ka Marongge sarta ngeueum di walungan Cilutung sagala. Rudi miharep maneh bisa cara sobatna tea. Gancang boga pagawean.

Baca Juga: Hikmah Pandemi, Doel Sumbang leuwih Getol Nyanggi Lagu Anyar

Beda jeung maranehna, aya oge nu datang ka Marongge pikeun "neangan" angka togel. Eta teh cara anu diaku ku Pardi, urang Bandung.

"Manawi we abdi kenging impian nomer togel," pokna bari semu nu era. Kituna teh bari ngaku yen manehna datang ka dinya teu nyorangan, tapi aya lima urangna, kalawan tujuan nu sarua.

Pardi ngebrehkeun, manehna jeung nu sejenna rek meuting di Marongge. Basana mah, moal mulang mun can meunang impian nomer, hehe.

Baca Juga: Sampyong Seni Tarung nu Mimiti Mekar di Desa Baribis Majalengka, Ceuk Tb Hasanuddin, Perlu Regenerasi

Teu robah

 

Narasi di luhur teh gambaran Marongge ayeuna-ayeuna, basa Galura ngahaja laha-loho deui.

Basa Galura anyar keneh pisan datang (2022 katompernakeun), saenyana nyangka Marongge bakal tiiseun. Nu jarah moal aya. Komo nu ngadon ngeueum di walungan Cilutung mah. Jaman modern, maenya rea keneh nu percaya kana perkara mistik utamana pelet?

Kaayaanna pasti bakal beda jeung kaayaan puluhan atawa welasan taun ka tukang; pangjarahan pajejel ku anu ngadon jarah, angot dina waktu husus kawas malem Jumaah Kaliwon mah.

Baca Juga: Doel Sumbang: Lagu ‘Runtah’ Asalna di Susunan Panghandapna

Tapi singhoreng, anu katempo ayeuna, Marongge meh teu beda jeung taun-taun tukang.

Nu jarah tetep merul. Pangjarahan pinuh. Nu ngadon mandi atawa ngeueum di walungan Cilutung nu ayeuna deet jeung caina kiruh oge tetep rea.

Eta hal oge diaku ku salahsahiji warga nu dumuk deukeut pangjarahan.

Baca Juga: Awi, ti Mimiti Parabot Dapur, Wawadahan Tepi ka Bahan Bangunan

“Leres, Kang. Marongge ayeuna teu benten ti kapungkur. Angger kajojo, sareng pada ngadeugdeug. Nu jaroh, teu weleh merul,” pokna.

Ayeuna mah, cek Abdul, nu jarahna samalah lain wae nu harayang pelet atawa dipikaresep ku lawan jenis wae. Ayeuna mah rea oge nu hayang kabiruyungan jadi anggota dewan, sajaba ti rea nu hayang gancang meunang pagawean, jeung hayang meunang angka togel.

Tapi ari nu pangreana mah, angger, nyaeta nu hayang boga pelet atawa dipikaresep ku lawan jenis, luyu jeung kasohorna Marongge ti mangsa Bihari keneh.

Baca Juga: Putri Anjungsari (8)

Mbah Gabug

Marongge teh hiji tempat jarah nu kasohor di Sumedang, nu perenahna aya dina wates Sumedang jeung Majalengka, ecesna Kacamatan Kadipaten Majalengka.

Aya sawatara versi ngeunaan Marongge ieu. Ngan nu eces, ti baheula nepi ka kiwari, Marongge teh sohor ku peletna; jeung sok jadi pangjugan nu hayang meunang jodo, usaha lancar, sarta nu lianna.

Di makam Marongge, aya sawatara makam. Salahsahijina, anu kasohor jeung jadi “kakuatan” Marongge, nyaeta makam karamat nu katelah Mbah Gabug nu dina mangsa jumengna kasebut mibanda ajian Si Kukuk Mudik, ajian keur melet.

Baca Juga: Dewan Pendidikan Dikukuhkeun, Dadang Miharep Mutu Atikan di Kabupaten Bandung Ngaronjat

Sajaba ti makam Mbah Gabug, aya oge makam Mbah Stayu, Mbah Naibah jeung Mbah Naidah.

Mbah Gabug teh wanoja asal Mataram nu geulis kawanti-wanti. Kitu deui Mbah Setayu, Mbah Naibah jeung Mbah Naidah. Kageulisan maranehna, cenah, geus mincut raja, pangeran jeung nonoman mangsa harita, nepi ka jadi rebutan.

Saenyana, rea nu teu asup akal patalina jeung nu sumare di Karamat Marongge teh, utamana dongeng atawa sajarahna. Utamana mah lantaran taya catetan atawa sajarah resmi nu bisa dipercaya. Nu aya ngan ukur dongeng atawa carita nu teu jentre.

Baca Juga: Lirik atawa Rumpaka Lagu Wangsit Siliwangi, Populer, Ditembangkeun ku Puluhan Panembang

Ngan duka ku naon, sok sanajan kitu, Marongge tetep kakoncara jeung dipercaya bisa ngadatangkeun jodo jeung ngarobah nasib, kaasup dina jaman modern atawa milenial ayeuna. Cag!***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler