PSIS vs Persib Liga 1 2022-2023, Luis Milla Meredih Victor Igbonefo Saparakanca Teu Nganggap Enteng Lawan

31 Januari 2023, 13:15 WIB
Nyanghareupan PSIS Semarang Luis Milla ngawanti-wanti pamaen Persib ulah nganggap enteng lawan/persib.co.id /

GALURA - Cek itungan mah, Persib bakal unggul nalika makalangan di markas PSIS Semarang di Stadion Jatidiri, Salasa 31 Januari 2023 sore ayeuna jam 16.30 WIB.

Apanan, salila 5 kali adu hareupan ngalawanan PSIS, Persib can kungsi wowotan, 4 kali meunang jeung sakali gedeg, drow.

Najan kitu, sakumaha anu kabaca dina laman resmi Persib Bandung, palatih Luis Milla meredih ka Victor Igbonebo saparakanca teu nganggap enteng lawan.

Baca Juga: Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

Dina paniten Luis Milla, Laskar Mahesa Jenar ayeuna keur aya dina momentum hade, keur meujeuhna mangprang.

Cikeneh, samalah, PSIS mampuh ngajungkelkeun Arema Malang, bari jeung maenna ge hade deuih.

"Janten, dina laga engke, sakumna pamaen ulah nganggap enteng lawan. Dina prungna makalangan, kudu sing iatna bari mihormat ka lawan," cek Luis Milla.

Baca Juga: Runtah Ngahunyud di Pasar Baleendah, Ceuk Beja Nu Katampa Rek Diakut Dina Poe Kemis

Maksud tina "mihormat ka lawan" teh meureun, lawan ulah dianggap sahandapeun, tapi sabalikna kudu dianggap leuwih alus, sangkan pamaen Persib maenna leuwih sumanget.

Nyabit soal kasiapan Persib dina nyanghareupan PSIS, Luis Milla tandes nyebutkeun siap.

"Tangtos siap ngalakokan lagana. Persib oge ayeuna gaduh rasa percaya diri nu kuat, weweg," cek Luis Milla.

Baca Juga: Aya Oray Kobra Hareupeun Panto Imah, Warga Menta Tulung Patugas Damkar

 

Di sejen pihak, palatih PSIS, Muhammad Ridwan ngaku geus nyiapkeun pasukan kalawan daria, pikeun nyanghareupan Persib. PSIS miharep, bisa meunang poin nalika nyanghareupan Persib Bandung.

"Alhamdulilah, PSIS tos nyiapkeun sagala. Samalah persiapan kanggo mayunan Persib engke paling maksimal batan sateuacanna," pokna.

 

PSIS ayeuna nyicingan hambalan kadalapan klasemen saheulaanan BRI Liga 1 kalawan ngoleksi 26 poin. Eta teh tina 8 kali meunang, 2 gedeg jeung 9 kali eleh.

Baca Juga: Silaturahmi Bacaleg DPRD Bandung Barat Pemilu 2024 Partai Demokrat, HM Bahtiar: Ihtiar Pikeun Kamaslahatan

Sedengkeun Persib ayena nyicingian hambalan katilu kalawan ngoleksi 29 poin. Persib ayeuna aya di handapeun Persija jeung PSM kalawan poin sarua, 31.

 

Tangtu wae, mun dina lawan lawan PSIS Semarang engke meunang, Persib bisa nerekel deui ka puncer klasemen BRI Liga 1.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id

Tags

Terkini

Terpopuler