Aya Oray Kobra Hareupeun Panto Imah, Warga Menta Tulung Patugas Damkar

- 30 Januari 2023, 19:42 WIB
Dua urang patugas Unit Pelaksana Teknis Pemadam Kebakaran (UPT Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Kuningan, newak oray kobra jawa, di Imah salah saurang warga Kelurahan Cigadung, Kecamatan Cigugur, Senen, (30/1/2023).
Dua urang patugas Unit Pelaksana Teknis Pemadam Kebakaran (UPT Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Kuningan, newak oray kobra jawa, di Imah salah saurang warga Kelurahan Cigadung, Kecamatan Cigugur, Senen, (30/1/2023). /DOK DAMKAR KUNINGAN/

GALURA- Dua urang patugas Unit Pelaksana Teknis Pemadam Kebakaran (UPT Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Kuningan, newak oray kobra jawa, di Imah salah saurang warga Kelurahan Cigadung, Kecamatan Cigugur, Senen, (30/1/2023).

Pancegna mah di Jalan Babakan - Cigadung Linkungan Cilame RT.16 RW. 03 Kelurahan Cigadung, Kecamatan Cigugur.

 Baca Juga: Silaturahmi Bacaleg DPRD Bandung Barat Pemilu 2024 Partai Demokrat, HM Bahtiar: Ihtiar Pikeun Kamaslahatan

Kituna teh sanggeus nampa laporan ti warga ngaliwatan saluran telepon Damkar (0232)871113.

Eta warga ngabejakeun di imahna aya oray kobra. Menta bantuan nyingkahkeun eta oray.

Kepala UPT Damkar Satpol PP Kabupaten Kuningan, Mh. Khadafi Mufti, nyebutkeun, eta oray katempo ku salah saurang warga basa rek asup ka jero Imah.

Baca Juga: Pangurus Koni Jabar Pebruari Diistrenan, tapi Waktuna Can Pasti

"Anjeunna sieun, basa ningal oray payuneun panto bumi kawas rek narajang. Nya saenggalna patugas miang ka lokasi,"ceuk Khadafi.


Eta oray kobra anu ukuranna sagede curuk jalma dewasa ku patugas ditewak. Diukur, anjangna 35 Sentimeter.Baca Juga: Kopi Munding, Urang Rajadesa geus Mikawanoh Pelak Kopi ti Jaman Walanda Mula

Ceuk Khadafi, lamun teu sagancangna disingkahkeun, matak paur ngabahayakeun boh pikeun boga imah boh warga sabudeureun.***

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x