Silaturahmi Bacaleg DPRD Bandung Barat Pemilu 2024 Partai Demokrat, HM Bahtiar: Ihtiar Pikeun Kamaslahatan

- 30 Januari 2023, 16:45 WIB
HM Bahtiar, Bacaleg DPRD Kab. Bandung Barat ti Partai Demokrat dina Pemilu 2024 ti Dapil Parongpong, Lembang, Cisarua/Dok Pribadi
HM Bahtiar, Bacaleg DPRD Kab. Bandung Barat ti Partai Demokrat dina Pemilu 2024 ti Dapil Parongpong, Lembang, Cisarua/Dok Pribadi /

 

GALURA - Silaturahmi Bakal Calon Legislatif (Bacaleg) DPRD Kabupaten Bandung Barat Pemilu 2024 ti Partai Demokrat, HM Bahtiar, geus dilakonan ti samemehna.

Kalawan kendaraan Partai Demokrat, Bacaleg HM Bahtiar bakal makalangan dina Pemilu 2024 minangka calon anggota DPRD Kabupaten Bandung Barat.

Bacaleg HM Bahtiar ti Partai Demokrat teh engkena dina Pemilu 2024 baris diancokeun di Daerah Pemilihan (Dapil) Kacamatan Parongpong, Lembang, jeung Cisarua.

Baca Juga: Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

Dibarung ku patekadan geusan bajoang ngawujudkeun kamaslahatan balarea, manehna satekah polah tatahar ti anggalna.

Ieu Bacaleg DPRD Kabupaten Bandung Barat ti Partai Demokrat teh gumelar ping 14 Mei 1993.
Lulusan program master ti Unisba, sarta kungsi milu program pertukaran pelajar ka Maroko.

Sapopoe nyekel kalungguhan minangka Kepala SMK Roudlotul Ulum Cisasawi, Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Baca Juga: Pangurus Koni Jabar Pebruari Diistrenan, tapi Waktuna Can Pasti

Waktu dikolongan, Saptu 28 Januari 2023, HM Bahtiar ngeceskeun, kasang tukangna jadi calon anggota DPRD Bandung Barat dina Pemilu 2024 teh geusan milu aub dina pamarentahan di wilayah legislatif.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x