Runtah Ngahunyud di Pasar Baleendah, Ceuk Beja Nu Katampa Rek Diakut Dina Poe Kemis

- 30 Januari 2023, 20:42 WIB
 Runtah di Pasar Baleendah ti awal Januari 2023 can diakut.*
Runtah di Pasar Baleendah ti awal Januari 2023 can diakut.* /SOPANDI /

GALURA- Runtah nu ngahunyud di sabudeureun Pasar Baleendah, Kecamatan Baleendah, Kabupaten Bandung, nepika kiwari tacan keneh diakut ku patugas Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Bandung .

Padahal, numpukna runtah di sabudeureun eta pasar teh ti munggaran Januari 2023.

Baca Juga: Aya Oray Kobra Hareupeun Panto Imah, Warga Menta Tulung Patugas Damkar

Nu ngalantarankeunna mah, ku sabab aya masalah di Tempat Pembuangan Akhir (TPA) Sarimukti KBB.

Sakumaha ditetelakeun ku Kepala Pasar Baleendah, Ginanjar, pihakna geus ngajukeun ka DLH ti tanggal 5 Januari 2023 sangkan runtah diakut.

Baca Juga: Silaturahmi Bacaleg DPRD Bandung Barat Pemilu 2024 Partai Demokrat, HM Bahtiar: Ihtiar Pikeun Kamaslahatan

Ceuk Ginanjar, saenyana pangangkutan runtah di Pasar Baleendah geus kajadwal ti poé Senen tepi ka  Juma'ah.

" Ku lantaran aya masalah di TPA- Sarimukti KBB, ngabalukarkeun runtah can diangkut," ceuk Ginanjar, Semen, (30/1/2023).

Baca Juga: Pangurus Koni Jabar Pebruari Diistrenan, tapi Waktuna Can Pasti

 

Ceuk Ginanjar, satuluyna, ngahunyudna runtah di Pasar Baleendah, saenyana lain semet runtah  ti pasar, tapi lolobana mah ti luareun pasar.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x