Laju aya sebutan lotan (alat patokan sangkan plesteran atawa kusen/panto, tembong lempeng-presisi), pasekon (keur nyikukeun juru-juru malar ngadumanis).
Baca Juga: Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu
Oge aya istilah janggot/gado (minangka misplang wangun coran), plinan (potongan keramik nu napel na tembok nyambung jeung pasangan keramik na lante), katut simeut meuting (kelam, pamageuh-panahan dina esteger).
Tangtu loba keneh istilah sejenna dina widang wangunan teh, atawa dina sub-widang instalasi cai/listrik, kusen, palapon, suhunan, jeung nu lianna.
Kitu deuih unggal wewengkon bisa jadi beda sesebutanana.
Baca Juga: Baheula alam Tatar Sunda Mere kahirupan jeung Huripna, Ayeuna...
"Dina wangunan mah sangkan wujudna lempeng, nyiku, presisi atawa ngadumanis pas teh taya lian koncina mah aya dina meteran jeung lotan. Keur sakuringeun, eta parabot minangka guru," ceuk Ujang.
Waktu reureuh lohor. "Cik, Mang, kuring teh ngajomblo wae. Sugan aya palakiahna, kuring hayang boga kabogoh," ceuk Udung (23), ka Mang Aep.
Pok Mang Aep, "Lain jampe nu teu matih. Tapi beungeut maneh teu ngelot!" Ditungtungan ku seuri. ***